Bisa Jadi, Sunda téh geus Euweuh
KISUTA.com - DI tutugan Gunung Putri, Saptu beurang sawatara taun ka tukang. Dina téras imahna, hareupeun panto, Pa Emo (64 taun) diuk sila tutug bari melenyun udud. Panonna ngurilingan kaayaan sabudeureun imahna nu pinuh kakayon jeung récétna sora manuk. "Mun tas ti sawah atawa ti kebon, reureuh téh bari niténan alam," pokna.
Capé balas digawé ti isuk tepi ka beurang, ceuk Pa Emo, hég ngadaweung bari haté dihijikeun jeung alam sok gancang pulihna. Awak téh jagjag deui. Ti wanci lohor tepi ka burit bisa sagawé-gawé deui. "Alam téh ubar nu mujarab, asal alamna diriksa ku urang, teu digunasika, komo diruksak mah," pokna.
Pa Emo téh warga Kampung Cipaku, Desa Cipaku, Kecamatan Cipaku, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat. Salahsaurang nu dipikolot. Imahna, kaitung rada nenggang jeung tatanggana. Ti saprak dibrolkeun tacan kungsi incah balilahan ti désana. "Pindah ka dieu teh taun 1982, tadina mah di deukeut sakola, SMP, sisi jalan," pokna.
Najan di sabudeureun imahna kawilang masih kénéh loba manuk nu biasa diingu, malah sayang manukna ogé teu sirikna nampeu hareupeun irung, Pa Emo nu pacabakanana ti baheula tepi ka ayeuna angger jadi patani tacan kungsi ngingu manuk. "Kana manuk téh sabenerna resep pisan, ngan lain hartina kudu ngingu manuk dina kurungan," pokna.
Emo kalayan tandes nyebutkeun leuwih genah kénéh ningalikeun jeung ngadéngékeun sora manuk nu hirup bébas di alam, batan ngabandungan sora manuk nu aya dina kurungan. "Manuk dikurungan téh disiksa, najan kahakanana digugulukeun, kurungna hadé, teu matak ngabungahkeun manuk, da hayangeun liar," pokna.
Anu dipikahariwang ku Pa Emo, manuk di désana nu aya di tutugan Gunung Sawal téh beuki dieu beuki ngurangan, lus-les laleungitan. "Manuk saéran, upamana, jarang katingal, pon kitu deui tikukur, ékék. Padahal manuk téh gedé jasana keur ngurangan hama tatanén, hama paré," pokna deui.
Daun cau, sambung Pa Emo, ayeuna mah mindeng béak ku hileud. Baréto mah waktu keur leutik, daun cau téh tara tepi ka rangsak. "Pangna kitu, lantaran manukna beuki ngurangan. Baréto manuk saéran nu sok ngahakan hileud daun cau téh, ayeuna mah manuk saéranana geus arang pisan," pokna.
Hama wereng mahabu ogé, ceuk Pa Emo, balukar sasatoan nu ngahakan wereng geus euweuh. Wereng jadi loba tepi ka di alam kakurangan hakaneun, terus ngagalaksak kana tangkal paré. "Kitu tah, balukar alam jeung lingkungan diruksak téh, urang kénéh, manusa, nu rugi mah," pokna.
Sababaraha taun ka tukang, ceuk Pa Emo, kungsi aya patugas ti sumber daya alam pikeun ngajaga jeung ngariksa tutuwuhan jeung sasatoan di Gunung Sawal, tapi teu lila. "Euweuh gawéna tuda, kai angger loba nu naluaran, manuk loba nu ngala, ku masarakat teu dianggap, tepi ka danget ieu taya deui patugas," pokna.
Pa Emo nu oge apal kana sajarah Sunda jeung kasundaan, komo sajarah Astana Gedé Kawali, perang Bubat, Dyah Pitaloka jeung sajabana --meunang diajar waktu keur ngaji di hiji ajengan di Cipaku nu masagi kana kasundaan jeung sajarah Sunda-- nyebutkeun Sunda lain ukur ragana (manusa, alam jeung lingkunganana) nu beuki ruksak téh, tapi oge rohna. "Lingkungan jeung Sunda téh dalit, ngahiji, teu bisa dipisahkeun,” pokna.
Menteri Lingkungan Hidup jaman Presiden Megawati, Nabiel Makarin waktu ngaroris ka Waduk Cirata Kabupatén Bandung sawatara taun ka tukang nyebutkeun saenyana urang Sunda téh merhatikan pisan lingkungan. “Lingkungan bagian tina diri urang Sunda,“ pokna.
Urang Sunda, ceuk Nabiel Makarim, ngajaga runtut rautna hubungan manusa jeung alam. Manusa Sunda nu bener-bener Sunda moal tepi ka ngaruksak alam. “Alam, lingkungan diriksa tepi ka alam téh karasa mangpaatna, caina cur-cor, leuweungna héjo lembok, manuk récét,” pokna deui.
Tina kituna, sambung Nabiel Makarim, mun téa mah di tatar Sunda loba leuweung nu dugul, cinyusu (sumber cai) lus-les, mindeng banjir, halodo kakurangan cai, mindeng kajadian urug. Panalék nu pantes diasongkeun: Naha aya kénéh urang Sunda téh? Boa-boa geus euweuh, da geuning lingkungan geus ruksak?
Waktu diajak ngobrol, Nabiel Makarim nembongkeun kahéranana ku naon di Tatar Sunda, Jawa Barat, mindeng kajadian musibat alam. “Ku naon local wisdom, kaarifan lokal, ajén-inajén Sunda ngeunaan pereluna alam diriksa tepi ka leungit, tepi ka dipopohokeun, jeung teu diwariskeun?” pokna.
Anggota Dewan Pakar Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda (DPKLTS), Sobirin nyebutkeun sabenerna masih kénéh aya urang Sunda nu bener-bener urang Sunda. “Perhatianana kana lingkungan gede pisan, ngan teu pamanggihna tara dipiroséa,” pokna.
Musibat urug, banjir, moal kajadian mun kaarifan lokal diéstokeun. “Kapentingan ekonomi geus ngelehkeun sagala-galana, lingkungan diruksak demi keur nu ngaranna pangwangunan, demi pendapatan asli daerah (PAD) jeung demi paekonomian ngaronjat,” ceuk Sobirin.
Lingkungan beuki ruksak, ceuk Pa Emo nu kungsi jadi anggota hansip (pertahanan sipil) di Kecamatan Cipaku salila 20 taun (tepi ka taun 1982), ngandung harti kasundaan, kaasup, ajén-inajén, kaarifan lokal, sajarah, beuki muguran tina diri urang Sunda. “Bisa jadi, Sunda téh saenyana geus euweuh, tinggal raga badagna, " pokna, nyaritana rada cumalimba.***


