Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Dongéng Dongéngéng

Jumat, 1 April 2016

"Béré kuring pasaran
kuring rék ngajepat mangabad-abad,"
kitu kahayang anjeun, harita
na hiji waktu, basa pihujaneun ngalangkang
di langit nu angkeub
(urang teu eungeuh;
urang kungsi ngalalana mangabad-abad
ti waktu ka waktu)
"Urang téh batu wulung nu wisu
na hiji walungan di hiji leuweung luwang-liwung,"
cék kuring na waktu nu séjén,
basa sandékala ngalanglangan haté urang,
"Urang teu kungsi mikawanoh
aksara hirup jeung angka-angka."
(Méh baé urang teu eungeuh;
pan urang kungsi ngalanglang
mapayan manglaksa kecap
Ngan urangna teu boga karep miloma
nepi ka bet tibalik ditalikung manglaksa kecap
Héngkér
Kabakutet!)


1985-1995


Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya