Rawayan Dangkak
"Ai hop yu enjoy hier seus." Sadiman aleman jasa kanu burieunana. Nu diajak cacahan ngadéhém. Saterusna simpé, ukur hégak jeung blag-blig-blegna sawara sapatu kana lemah Kanékés. Galécokna haté nu leumpang suku, ukur Hyang Tungal nu apalna.
Jog ka peuntaseun Gajéboh, Rawayan. Nu buri ngajak reureuh. "Don hér reureuhna seus, di peuntas aja, dijamin hépi." Nyarék. Jojong leumpang, meuntas. Jut di Gajéboh, ngalieuk ka buri, reuwas. Nu dianteur leungit. Gasik malikan. Rawayan kukulawitan diliwatan nu gagancangan. Suwung. Ngahuleng dina Rawayan, neuleu Ciujung. Ménta pangbéjaan. Ngabigeu. "Pangrasa tadi ngajak reureuh di tungtung Rawayan?" galécok hélok.
Wewengkon Rawayan, gemet dipantékan paneuleuna. Lebeng. Ngumaha kana tangkal nu dipuntangan Rawayan, gogodeg. Nu némbal kalah hujan, nu ngadadak ngagebrét.
"I HOPE YOU ENJOY HERE" ngajeblag na Majalah Playboy. Gambarna, nu leungit téa, keur ngadangkak luhureun batu huma.
Jaro Pamaréntah, Jaro Tanggungan, Serat jeung para Panggiwa, haliwu gempungan. Malikiran nyusul Puun, nu mamarahan di Jambatan Newyork.*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com
Kamus mini:
- Aleman = pupujieun
- Jasa = pisan
- Burieun = tukangeun
- Cacahan = ngobrol
- Gajéboh = ngaran lembur di Désa Kanékés
- Rawayan = sasak/jambatan
- Jojong = jongjon
- Gasik = gancang
- Jaro Pamaréntah = kapala Desa
- Jaro Tanggungan = nu tanggung jawab urusan adat
- Serat = pagawéna Jaro
- Panggiwa = badega
- Haliwu = riweuh
- Puun = pupuhu Baduy Jero
- Mamarahan = ambek-ambekan
- Dipantékan = dibalédogan


