Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dua Carita

Sabtu, 2 April 2016

MANÉHNA nangtung nyérangkeun lambak. Sidik, bajuna biru sahéab, ngadago ‘na bangku péron. Hiur angin nebak layar ti jauhna. Karéta pamungkas taya raratan iraha anjogna. Tapi, nu dianti geus teu nyésakeun harepan. Suremna lampu setatsion, némbong-gelorkeun bulungbungna erél papasangan. Moal mulang jigana, teuing katambias di lebah mana, apan sagara sakitu makplakna. Peuting mingkin ngarungkup kingkin, nyebit-nyeuit tatu nu teu daék lita-lita.
Manéhna, sidik, bajuna biru sahéab, pada-pada anteng, najan pada-pada engeuh yén anu dipiangen ukur ngolémbar sakolébatan, lalaunan tilem ka satukangeun mumunggang.
Manéhna, teu mustahil éta téh anjeun. Ari nu bajuna biru sahéab, bisa waé kuring. Atawa, dina rék patukeur posisi gé moal aya nu nganaha-naha. Ngan pamustunganana ngajanggélék jadi urang.
Simpé.*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya