Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Méméh Layung Surup

Minggu, 3 April 2016

MANGSA diri geus teu katalikung. Rabeng nu ngahelaran. Rupa-rupa pamolahna. Nu acuh butuh, nu jaim, nu pikasebeleun, nu ukur hayang heureuy jeung nu kapéngpéongan. Tapi aya hiji nu naker ngungudagna. Nu teu capé unggal usik nyebut nyaah. Dina hariring nu dikirim kana BB, dina émot, dina ungkara, dina status. Tangka mabok ngararasakeunana. Naha aya rasa kuatka bedas kitu? Resep ku sabarna narima cocoba. Tapi na dada, cinta geus teu nyésa. Korédas kabawa ku nu lunta.
“Wios Mar teu bogoh gé, da Bonny nu bogohna. Asal rido dipihukum. Da moal lami ieuh.”
“Asik kénéh sosobatan da.” Ngaénter bari kéom.
“Ah, teu ramé, moal tiasa ngeukeupan.” Émot nangkeup. Ukur dibales ku émot ngiceup sabeulah. Jempling.
Hareugeueun ningali nu datang bangun bungah. Nu kasép, nu kanker darahna stadium tilu. Kamana néangan bogoh? Piraku modal karunya.
“Mariska, méméh layung surup. Bonny hoyong sasarengan heula.” Song cepuk buludru wungu.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya