Padika Cinta
SIAPKEUN saurang lalaki jeung saurang awéwé nu keur mareujeuhna pangseng. Sanggeus diberesihan, asupkeun kana kéler nu geus dieusian ku cai samoja. Laju rurub ku lawon carang. Keueuman salila tilu bulan. Teundeun di tempat nu suni tur mongkléng. Dipahing pisan katerap ku cangra angot kagandéngan. Dina prosésna, omat kudu bisa nahan kapanasaran. Matak burung mun ditéang. Keun baé antep. Mun geus cunduk kana waktuna, prak buka (leuwih alus mun dibukana wanci manceran).
Anapon palebah ajén nu dihasilkeunana, cinta bisa dikanyahokeun tina pulas jeung kakintelanana.
1. Kayas encer. Cinta meueusan. Alus mun digunakeun keur senang-senang.
2. Beureum caang. Kualitét meujeuhna. Pangabutuh kamanusaan. Saréréa geus papada nyaho. Teu perlu diécéskeun deui.
3. Beureum semu hideung. Kintel ngagibleg. Ieu hasil nu méh sampurna. Hiji tanda yén dina prosesna, cinta geus pacampuh jeung kanyeri maranéhna.
Tilu hasil di luhur teu ieuh jadi patokan. Séwang-séwang kualitét dipasrahkeun sakumaha kahayang nu makéna.*
Shohiba Nu'man - kisuta.com


