Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Sérénadé

Senin, 4 April 2016

- Ika Rostika Rumsari


geura tunda saréwu impian dina pot kembang nu dipapaés ku
citresna, Ika
sugan jaga aya taman sisi kota pangreureuhan pikir jeung
rasa. Tuh, japati sajodo gé geuning teu salawasna
kakalayangan, mubus méga demi méga; saukur ngemu impian


geura tunda manglaksa harepan dina kapal nu dirarangkénan
kalimah asih, Ika
sugan jaga bisa timu jeung darmaga tempat balabuh. Tuh,
kapan pamayang gé teu salawasna ngawelah parahu, narajang
ombak demi ombak; saukur ngemu harepan


peuting engké, Ika
impian jeung harepan geura tinun na amparan rasa

Kacapiring, 1996

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya