Hiji Suhunan Dua Cinta
"GUSTI, kedah kumaha jisim abdi."
Saban janari, handapeun hiji suhunan, cimata murubut maturan namprakna dua dampal panangan. Poék haté nyarandé kana du'a. Alam ngusapan ku jemplingna. Nangtayungan kaweningan cinta awéwé nu dirungrum kabingung. Ésih.
Emh. Mun seug mamah sareng papah araya kénéh! Meureun moal nuturkeun Ceuceu. Moal kieu jadina.
Isuk-isuk, di méja makan, handapeun suhunan nu sarua.
"Majeng ka sapuluh taun, sepi."
"Sadayana lepat Ceuceu, A. Hapunten pisan."
"Mugi hiji waktos ceuceu ngartos."
Gebeg, reyyy! Hapa. Kecap nu ngaruntagkeun jiwa.
"Siiih!" ngetrokan panto kamar. "Saur Aa énggal! Bilih kasiangan!"
"Muhun, Ceu."
Bray panto. Hélok. Aya ku geulis adi téh!
Sidang. Tungtung kuliah nu diarep-arep ku saban mahasiswa. Lulus mulus cita-cita.
"Do'akeun nya, Ceu. Kahoyong mah cum laude."
Mobil disetater paneuteup ceuceu. Laju ngageuleuyeung tengtrem.
Peutingna. Nalika ceuceu ngundeur pucuk impian, panto kamar Ésih ngarekét. Belenyéh dua lambey imut birahi. Ngahiap duriat dina amparan rénghap seuneu.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


