Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kukupu Kertas

Rabu, 6 April 2016

WANCI tumorék harita téh. Karék ngalenyap. Sada aya nu gegedor, rosa naker. Bray.
“Emang, Téh Asri dicangkalak! Dituding nandasa wanoja urang Cisaat. Emang, diantos di rorompok, ayeuna!” Aép hariweusweus.
Nyampak, Ceu Adah keur ngalangeu. Jauh panineungan. Barintit. Gabrug. Segruk kanyenyerian.
Geus opat bulan, Asri papacangan jeung Nurcahyo, urang Solo. Budakna bageur, nyantri.
Kamari, pasosoré. Cenah, Asri ngamuk nguwak-ngawik. Asa dilénjokeun. Beubeureuh midua haté.
Di kamar mayit. Bréh. Layon wanoja. Beuheungna geuneuk tapak nyekek. Hareugeueun. Karang beuneur handapeun biwir panon, tato kukupu ‘na pigeulang. Teu dipiceun sasieur! Enya, Maharani! Sabulan ka tukang, ngudar-rasa bangbaluh hirupna.
Di TKP.Taman kota. Hiji lalaki, anteng sasapu. Disampeurkeun. Ménta katerangan.
“Abdi mendakkan ieu sareng panékér!” Song, KTP. Mahéndra. Alamat Ciwasiat. Asa wawuh nempo potrétna. Tapi di mana? Diteges-teges. Moal bisa dipaling! Panékér pulas kayas gambar biwir ngarenyu. Cukup bukti. Plong! Deudeuh, Rani!
Pung. Kukupu kertas ngalayang kakalayangan, katebak angin katiga. Jauh, beuki jauh. Les.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya