Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngawayuh

Rabu, 6 April 2016

:“MAMAH, beubeulahan haté! Pami mamah ibarat bumi, papap panonpoéna. Nu nyaangan unggal waktos. Papap nu salawasna nyorotkeun cahya. Nyaangan bumi.”
:“Teras?”
:“ Mamah! Gusti Alloh téh teu nyiptakeun bumi wungkul, tapi planét-planét sanésna. Éta planét téh sami, kedah kasorot cahya…”
:“Muhun teras, Pap? “
:“Mamah kedah iklas, Saupami papap hoyong nyaangan planét sanésna. Mana kitu gé ieu téh takdir urang. Kedah nampi!”
:“Papap, panutan mamah! Saupami papap leres panonpoé anu salamina nyaangan bumi sareng sakurilingna kalawan adil, mamah réla cahaya papap di sumorotkeun ka planét sanésna…”
:“Alhamdulillah. Teras?”
:“Tapi mamah terang, gagaduhan papap mah apan sanés panonpoé. Mung saukur lilin pondok. Nyaangan kamar urang ogé kakalicesan. Lir bohlam lima watt. Sakapeung cahayana kabur…”
:“Janten?”
:“Upami Papap rumaos gaduh lilin pondok-alit, ulah nyobi-nyobi hoyong ngawayuh. Bisi diragaji ku aing. Dibéakeun nepi kana tungtungna, kaharti? Sok pikiran tah ku sia! Aing rék ka cai heula...!”

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya