Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kopi Susu

Jumat, 8 April 2016

KARÉK ogé cengkat, leungeunna kalah ka meulit. Maskét. Tuluy nganteur kahayangna. Nyacapkeun nu tacan cacap. Poé kadua teu kaur balik. Kopi susu ngebul deui. Ngajagrag jeung lalawuhna. Pupulurna unggal isuk-isuk. Mun keur kilir ka manéhna. "Kanggo Akang ti Enung," haréwosna mani geugeut. Nu cacap kalah ka mindo. Bébéakan. Leumpang ngalénghoy. Macan punglak sihungna. Balik ka imah nu katilu. Dipapag di lawang panto. "Bagéa sumping, Jungjunan," pokna bangun nu sono. Maksakeun males imutna. Barang ka patengahan, kopi susu ngebul kénéh. Ngajagrag jeung lalawuhna. "Nyanggakeun tanda kanyaah," haréwosna miharep surti. Cacap nepi ka poé katilu. Leuwih rongkah batan nu kadua. Tanaga suda awak asa disasaak. Ngajoprak teu walakaya. Laju balik ka nu kolot. "Dines luar ka Papua," omong téh méré alesan. Rumasa. Nyamuni mitilu cinta. Sabot keur gogoléran. Ngareureuh tina kacapé. Kurunyung manéhna datang. Ti tukang. Kopi susu jeung lalawuhna. Dijagragkeun dina méja. Haté ngariut. Waktu manéhna ngiceupan.*

Aris Kumetir - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya