Nyi Pohaci
NYI Pohaci hulang-huleng, rumasa ku katuna. Ngusapan jangjangna nu langlayeuseun. Nempo pupuhu Liwung. Lantaran sadayana seja tandang magelaran. Taya nu tiasa dipuntangan janten girang acara. “Kang, ka dieu!” Nyalukan jajaka nu karek mulang ti pangumbaraan. Laju duaan ngageleber, ngadeuheus ka payuneun pupuhu. “Seug.” Anjeuna katingal lugina.
Nyi Pohaci jigrah. Nepangan embok Sari, juru rias nu geus kawentar. Ngurihit. Embok Sari surti. Gap kana rupaning alat. Raray Nyi Pohaci diropéa. Bréh, ngajanggélék lir bidadari. Bulu socana manjangan, nyapuan tatapakan, matak sieup kana kiceupna.
Purna tugas, Nyi Pohaci ngalayang tina papanggungan. Kariaan dipungkas ku pidangan kasenian buhun. Breng, terbang ditabeuh. Ngong, sora sindén ngéngkréng. Sadaya nu hémpak merbayaksa lungsur makalangan. Ngibing abring-abringan. Ayeuh-ayeuhan, éak-éakan. Kagumbira mungguh ngajomantara.
Nyi Pohaci ngiring mijah. Ngéngklak sareng unggal jajaka nu ngagupay. Damar séwu kakalicesan, Éngklakna beuki rosa, marengan hariring jempling jeroeun dadana. Galindeng kamelang, “Jungjunan, Salira di mana? Mung Engkang nu diantosan…,”*
Aam Amarullah - kisuta.com


