Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Kalangkang

Minggu, 10 April 2016

“Capééé.. horéam lah,” bari ngeunteung téh kukulutus. Nyaan wegah. Geus saminggu kudu ngalembur waé. Di kantor keur meujeuhna riweuh. Hayang mah ngagolér deui. Ngagojod. Komo bari isuk kénéh geus hujan jiga kieu mah.
Belenyéh kalangkang di jero eunteung téh imut. Gebeg. Na da kuring mah boro-boro imut.
“Hayang ditukeuran atuh?” cenah. Gajleng mundur ti hareupeun kaca. Reuwas lain di kieuna.
“Tong sieun. Da kuring téh Anjeun kénéh. Bisi hayang ditukeuran saminggu mah. Keun kuring nu capé. Anjeun mah istirahat wé di dieu. Di jero kamar kuring,” bari leungeunna nunjuk ka jero kamarna.
Mimiti kabita. Enya kabayang genahna saré.
“Saminggu nya. Enya sok atuh. Kumaha carana?”
“Sok tapelkeun leungeun Anjeun kana kaca.”
Pel. Blos leungeun asup kana jero eunteung. Leungeun manéhna kaluar tina eunteung. Blus kabéh. Euweuh bedana geuning di jero eunteung téh. Sarua jeung di jero kamar kuring. Hanjakal nu bisa diasupan ukur kamar, dapur jeung kamar cai. Tapi sakitu gé geus cukup. Kadaharan aya cukup keur saminggueun mah. Gojod dina kasur. Tibra. Genah pisan. Istirahat saminggu campleng.
Geus saminggu, si Kalangkang ngadeukeutan eunteung. Ngagupayan. Tembong rada celong. Capé meureun. Pel, blos kaluar tina eunteung.
“Nuhun, nya.” Manéhna ukur imut bari manggut.
Jol ka kantor, langsung dipanggil ku diréktur.
“Mangga, Yi, calik,” cenah. Paromanna serieus naker. Geus deg-degan. Boa-boa si Kalangkang nyieun kasalahan nu pohara.
“Selamat untuk kerja kerasnya minggu ini. Terus terang saya sangat terkesan. Bonus bisa diambil di bagian keuangan. Silahkan ambil suratnya di sekretaris saya ya.”
Plong, bari bungangang. Bisa diandelkeun geuning si Kalangkang téh.
Buru ka meja sekertaris. Nita, sekertaris direktur, imut basa kuring nyampeurkeun.
“Ini suratnya. Silahkan langsung saja ke bagian keuangan ya,” cenah bari ngadedetkeun surat kana leungeun. “Nanti siang jadi kan maksi bareng,” cenah ngaharewos bari imut manis. Parfumna meleber. Lipstikna kayas, padu jeung pipi bodas lemes.
‘I.. iya..” reuwas bari helok. Biasana atuda boro-boro kitu. Sakalieun papanggih dina lift ogé tara ngalieuk-lieuk acan.
Bus ka rohangan keuangan dipapag ku nu maké rok mini, Siska. Imut deui waé.
“Ini, Mas Yudi, bonusnya,” cenah bari ngaléndéan. Gebeg. Na jadi kieu. “Nanti malam jadi kan nonton bioskopnya,” cenah bari celengok kana pipi. “Mau sekalian nginep lagi juga boléh,” bari nyusutan lipstik nu napel dina pipi.
Balik ka rohangan sorangan kalah dibagéakeun ku nu nyungcung. Nuning. Babaturan sabagéan nu keur dideukeutan geus dua bulan. Boro-boro méré budi ieu mah. Ditanya ge ukur ngunyem. Emh, timburu meureun. Ah, keun baé. Da geus kagantian ku nu leuwih bahénol, jaba dua deuih.
Minggu ieu mah genah pisan. Mimitina mah. Gawé kari nu babarina. Jaba maksi terus ngamar di hotél jeung Nita. Peutingna nongton bari mondok di imah Siska. Tapi balas ku noron mah ripuh. Capé pisan. Pantesan atuh kalangkang kuring gé meni celong basa ditukeuran téh.
Balik ka imah, langsung muru eunteung.
“Héy. Ka dieu. Tukeuran deui lah nya. sabulan wé ayeuna mah. Ripuh geuning.”
“Enya hayu.”
Geus sabulan, tukeuran deui.
Jol ka kantor téh, dipanggil deui ka kantor diréktur. Geus atoh pisan. Rék meunang bonus deui.
“Sodara itu gimana. Ternyata kerja tidak benar. Ke mana uang perusahaan. Saya tidak mau tahu. Pokoknya kalau dalam waktu tiga hari, uang tidak kembali. Saya lapor polisi.”
Kaluar ti rohangan, langsung dibetot ku Nita ka kamar mandi.
“Yud, aku positif. Kamu harus tanggung jawab.”
Tok-tok, aya nu ngetrokan panto kamar mandi.
“Saudara Yudi. Kami dari Kepolisian. Silahkan keluar. Saudara kami tangkap sehubungan dengan kematian Siska di rumah kontrakannya.”
Teu bisa manggapulia deui. Dicerek ka kantor pulisi. Menta balik heula gé teu bisa. Bukti kuat yén kuring geus nandasa Siska nepi ka ilang nyawana. Majarkeun mah kuring embung tanggung jawab kana orok dina jero beuteungna.
Ngahuleng di jero tahanan. Euweuh eunteung hiji-hiji acan.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya