Duriat Sareupna
RADA lila Kartika neuteup kuring. Aya karang dina kongkolak panonnna. Biwirna nu euceuy ngagondéwa jiga nu ngagoda. Buukna nu panjang ngagebay sacangkéng ririaban. Rarayna ceuk balaréa mah sarimbagan jeung artis Dian Nitami. Manéhna diuk dina korsi hoé maké baju kaos bodas jeung calana Jeans. Matak kumerot nu nempo. Pasti sakabéh lalaki mah naék birahina mun nempo awéwé modél Kartika. Sok sanajan geus teu lalagasan deui. Kajeun geus boga budak umur 10 taunan ti salaki nu ti heula, tapi héran pakulitanana masih kénéh beresih. Awakna masih sampulur. Kiwari boga salaki nu kadua urang Gunung Damar cenah geus pepegatan deui. Geus dua kali rarandaan. Pasosoré di hareupeun imahna kuring ngawangkong. Anjang sono tidituna mah.
Geus welasan taun teu patimu. Asa pararangling. Kartikasari aran panjangna mah. Béjana mah masih kénéh turunan ménak rundayan Dalem Sutanangga ti Galuh Kawasén. Ramana Radén Edi Madjadikarta jeung mamahna Radén Yayah Wiharma. Sasatna Kartika teh babaturan kuring sa-SD jeung sa-SMP. Saenyana mah kuring ogé neundeun haté ti keur kelas hiji SD mula. Tapi ngaranna ogé atuh budak, bogoh monyét hungkul. Nepi nincak SMP, ogé sarua. Teu wasa nyarita. Létah asa aya nu nyangcang. Hésé betus rék kedalna. Padahal manéhna ogé ébréh jiga nu maskét ka kuring.
‘’Kunaon atuh kapungkur teu daék ngedalkeun rasa katresna? Kartika téh resep ka anjeun ti saprak SMP mula. Apan urang sok sasarengan ngabring kana sapédah?’’
‘’Har, harita kuring téh apan isinan. Sok rada teu puguh rarasaan mun ningali cawéné téh.’’ Kuring semu nu arap ap-eureup eup. ’’Resep kana naonna atuh ka kuring?’’
‘’Kasép jeung pinter.’’ Pokna bari nenggorkeun imutna anu kareueut.
‘’Emut teu basa urang sok dam-daman?’’ kuring nyalénggorkeun obrolan.
‘’Atuh puguh wé émut. Ayeuna ogé abdi mah kersa mun jadi isteri anu kadua.’’
Ceuli asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Kuring nu rada ngeluk, ngadadak tanggah. Nyidik-nyidik paromana. Satengah cangcaya. Kadua panonna anu cureuleuk neuteup pinuh kageugeut.
‘’Ah maénya?’’
‘’Muhun.’’ Tempasna.
‘’Ningali naon pangna bogoh?’’
‘’Teu ningali nanaon. Ari duriat mah teu ningali umur jeung waktu.’’
‘’Ah, ulah. Karunya. Apan Kartika ogé apal, kuring sok usahana jauh? Minimal sataun sakali mulang ke lembur ogé?’’
‘’Wios, teu nanaon.’’ Sorotna jiga nu pinuh pangharepan.
‘’Jaba kuring tos rimbitan pan? Budak ogé tos dua?’’
‘’Keun waé. Ikhlas diwayuh ogé. Keun budak turunan Asép diasuh ku abdi. Moal diapilainkeun. Rék dianggap jiga budak nyalira.’’ Omonganana bangun nu ngareugreugkeun.
Kuring geus pangalaman. Loba awéwé modél Kartika nu ngolo hungkul. Saenyana mah pangérétan. Nu disuprih téh ngan saukur dunya jeung kabagjaan. Dinangna-néngné sotéh meureun pédah kuring ayeuna keur bru di juru bro di panto. Angger wé mun dina kaayaan ripuh ku ékonomi mah jigana manéhna ogé ninggalkeun. Apan manéhna ogé kungsi dua kali rarandaan. Éta nu matak jadi mangmang téh. Béja nu bisa dipercaya, tatalakan waé téh alatan salakina teu bisa ngabayuan. Masalah dapur teu ngebul intina mah. Meureunan Kartika téh keur nyieun tarékah, mindang saraya ka kuring. Angkeuhanana mah hayang kacéprétan kabeungharan meureun. Moal pieun diimahan jeung dibéré mobil ceuk ijiranana. Saha atuh awéwé nu teu kabéngbat ku dedeg jiga kuring. Lain Tikukur nu sok muji sorangan, tapi saéstuna. Alhamdulillah, keur téh rupa hadé, ajrih ka sasama, pinter, nyeni, agama kuat jeung beunghar. Loba pakaya jeung pangabisa. Cacak baheula anyar lulus kuliah ogé, apan teu sirikna saban nu boga parawan téh ditatawarkeun ka kolot kuring. Réa jalma nu hayang mulung minantu. Alatan hayang kaangkat martabatna.
Keur kitu indungna ngelol tina panto imah.
‘’Aéh geuning aya A Asép? Cai-cai atuh A. Mangga kalebet. Enging di luar.‘’ Indungna meredih.
‘’Hatur nuhun Bu. Wios di luar waé, seger seueur angin. Sakedap deui ogé Maghrib.’’
Kuring duaan pabetem-betem. Jiga nu euweuh piobroleun deui. Manéhna anteng mencetan Hp bari sura-seuri. Blang bling waé disada. Kaciri loba nu SMS atawa nga-BBM. Talajakna geus kabaca ku kuring mah. Ras wé nginget-nginget obrolan Nini mangsa kuring kuliah kénéh di Tasik. Basa balik ka lembur teuing kunaon Nini kuring téh jol pok.
‘’Ang, Si Kartika reuneuh jadah.’’
‘’Maenya Ma? Ku saha?’’ Kuring curinghak.
‘’Ku Si Héndar urang Cirapuan.’’
‘’Iraha kapanggihna, Ma? Geus lila bobogohanana?’’
‘’Minggu kamari digerebeg. Dikawinkeun. Reuneuhna geus tilu bulan.’’
‘’Padahal Si Héndar téh jalma baragajul. Tukang mabok. Tukang bolos ti sakolana. Mangkarunyakeun ka Kartika.’’ Kuring hanjelu pisan.
‘’Loba ayeuna mah Ang, budak parawan nu rareuneuh ti heula. Amit-amit jabang bayi! Biasana mah ceuk kolot baheula, kadu mah moal meunangkeun bonteng. Jalma hadé moal meunangkeun nu goreng. Jigana mah saruana balangor matak kitu ogé.’’ Nini kuring bari ngiplik gegeber maké hihid.
‘’Jigana kusabab loba tongtonan nu teu pararuguh boh dina TV atawa dina filem-filem. Nyontoan teu balener. Nonoman urang alancur.’’
‘’Enya bener. Dina berita TV ogé loba ayeuna mah bapa nu wani ngarogahala anak sorangan. Jaman geus bener-bener édan. Téréh Kiamat meureun nya.’’
‘’Wallohu a’lam. Jigana mah kitu Ma. Kama’siyatan geus mahabu. Teu di kota di désa.’’
Kuring ngarénjag asa kagareuwahkeun ku sora adzan di Masigit. Katambah adi kuring ngagentraan tina motor nu distandarkeun. Rada anggang ti imah. Sisi jalan manéhna diuk dina jok motor. Surti jiga nu embungeun ngaganggu kuring nu keur reunian.
‘’Ang, geus Maghrib.’’ Ceuk adi.
‘’Enya.’’ Bari ngalieuk ka Kartika, ‘’Punten sanés kirang sono, badé amitan heula. Tos Maghrib.’’
‘’Oh muhun mangga. Sing sering ameng kadieu nya.’’ Bari teu elat malédogkeun seuri nu ngondang.
‘’Insya Allah.’’
Layung beuki konéng di béh Kulon. Panonpoé geus lingsir. Nguclep diteureuy Gunung Geger Bentang. Duriat leungit diteureuy belegbegna wanci sareupna. Nu pamohalan ngawujud ka Balé Nyuncung. Pileuleuyan Kartika. Misah alam misah tampiyan. Kuring nyéngclé diboncéng adi dina Supra-X. Bari gugupay ka Kartika cicirén papisah deui. Geus aya kana 4 taunan can panggih deui tisaprak éta. Béja ti indung kuring, manéhna geus rujuk deui jeung salakina anu ti heula. Nu pacabakan salakina téh kana nyupiran treuk.***


