Sastra & Humor
Fikmin
Soca Salira
Selasa, 12 April 2016
REMEN nganjang kana wall-na. Noongan status jeung komén-koménna. Komo potrétna. Sok dipelong salila-lila. Resep matana. Hiji mangsa mah balaka. “Resep ka salira téh,” cekéng dina inbok. “Jalmi tuna abdi mah. Naon pikaresepeunana?” Walonna. “Soca. Resep pisan ningal soca salira,” kuring balaka. Les, taya jawaban. Teu kungsi lila, “Nyanggakeun ieu soca kanggo salira,” trétna. Attachment gambar mata sapasang. Getihan kénéh bangun anyar nga-crop. Dijugjug kana wall-na, potrétna euweuh mataan. Kitu deui dina album-albumna.*
Ibnu Hijar Apandi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


