Malespati
GEUS korosak deui. Si Kidi mah teu ka dieu! Kitu cenah palakiahna. Saprak harita, keur singsaha waé nu wani ngalanto ka éta leuweung, moro atawa bebedil. Mun teu kitu nu demit téh banget ngukuntit.
Nu pangkolotna rumahuh. "Rék teu neuteuli kumaha tuda. Jeung saha nu wani, malah ceuk sakaol mah éta téh karuhun, cenah! Der ditémbak. Saleuheung nenggel kana mamarasna!" Nu sawaréh bati cruk-crek. Gogodeg. "Heueuh ku kitu téa mah. Harita rarasaan pan kurang kumaha urang nyaram, lin? Ngan 'dor' mantén. Jadi urang-urang kénéh nu katempuhan buntut...!"
"Sst!"
Omonganna teu kebat, ditémpas baturna bari ngantelkeun tungtung curukna kana biwirna, mangrupa isarat. Sakedapan jempling. Ngan kahéngkér tina haté,témbong atra dina sorot panon maranéhna. Silih rérét. Ngariung layon nu geus teu sampurna.*
Arom Hidayat - kisuta.com


