Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Saméméh Adan Asar

Rabu, 13 April 2016

BARANG bray beunta, apa jeung bibi tos ngaradeg di payuneun lawang. Di gédéngeun aranjeunna katingali uwa miwah para sepuh sanésna -- bangun nu marapag. Malah, aki mah katingali nganggé kamprét bodas kameumeutna, dibendo citak, disinjang batik kawung écé. Si nini ngagaléndot kana taktakna, bangun alim pisah -- siga sasari. Di pengkereun aranjeunna, langit aya ku béngras. Katumbiri melengkung di béh ditu. Manuk récét, ting caruit, pating geleber. Buluna rupa-rupa. Aya nu beureum, konéng, héjo, jeung kayas. Duka manuk naon.
Keur anteng malaweung, aya isteri nyingraykeun nu nuju taratih. Rancunit digelung jangkung, disinjang hideung, saléndang pulas garutan. Sunan Ambu! “Rek naon sia ka dieu? Geus boga naon? Hirup gé acan, geus ngadon paéh? Balik!,” curukna bentik kana irung. Kuring ti buburanjat. Hudang. Buru-buru nuliskeun ieu fikmin.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya