Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Datang Jeung Nu Indit

Kamis, 14 April 2016

"KANG Andi...?" Haté. Ngadadak ratug. Nyawang nu rentang-rentang datang. Dedegna. Rigigna. Manéhna. Moal kasamaran. Najan lila teu tepung. Apal kénéh. Apal kénéh pisan. Beuki deukeut. Beuki atra keureutan beungeutna. Enya, manéhna. Beuki ratug. Rus-ras. Mangsa-mangsa éndah. Jeung manéhna. Sawelas taun katukang. Méméh manéhna ditéwak pulisi. Alatan narkoba. "Inget kénéh ka Akang, Lis?" Manéhna. Ngabedega hareupeun. Puguh baé inget, ceuk haté. Tepi ka ayeuna, ngaranna remen kénéh disabit. Manéhna. Muka kacapanon hideungna. Duh, éta sorot panon. Masih kénéh nu baheula. Nu matak kasima. Nu seukeut tapi teu matak raheut. "Mamah..." Gebeg. Budak lumpat ti lawang kelasna. "Budak, Lis?" Unggeuk. Budak hideng nyolongkrong. Nyium leungeunna. Sirah budak diusapan. "Sabaraha taun, Lis?" Leleb. Manéhna. Mencrong beungeut budak. Panonna beueus. Ras deui. Peuting harita. Sawelas taun katukang. "Nembé dalapan taun, Kang..." cekéng. Manéhna imut. “Reugreug. Ninggali Neulis bahagia,” pokna bari maké deui kacapanonna. Tuluy ngaléos. "Mamah bohong...," ceuk budak. "Andi pan tos sapuluh taun..."*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya