Meuntas
CAN jangkep 17 taun. Dina sajak-sajakna sok kapanggih manglaksa kahayang. Pajar geus mangsana ngadampal Planét Sedna. Malah béh ditueunana. "113 nu kudu disungsi. Mangsa sasebit peurih, dipulut sésa rahuh," cenah.
Kadang nataan sarwa tempat nu teu ilahar ditincak. Maké jeung nyabit-nyabit hiji rohang tempat ngeclakna getih Abu Qosim.
"Cik sing guyub siga batur, Sujang! Maghrib hudang. Subuh mimiti saré, manéh mah. Néang awéwé geura. Apan nyanéh téh geus manjing rumah tangga...." 34 taun kaliwat. Can ingkah. Ukur tetengger nu aya ngaran indungna jadi pangjugjugan. "Taneuh beureum. Rék disungsi." Lain taneuh nu jauh. Nujuh léngkah mangsa harita anyar ninggalkeun pajaratan, aya pananya nu teuing lebah mana. Sarongkongan leungeun, tapi teu nepi-nepi dampal ngahontalna.
113. Béh ditueun Sedna. Sajak-sajak ukur ngaliwat. Ngajugjug sarengkedong. Kaén bodas gugupay. "Yap geura ka dieu, Sujang! Ka talaga nu ngamalir handapeun amparan kaca."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


