Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sanggeus Hujan Miripis

Jumat, 15 April 2016

UNGGAL ngagecluk, késangna ngeclak ragrag ninggang taneuh garapanana. Taneuh garung luhur gunung, dihanca rék dijieun kebon. Nincak katilu poé, macul réngsé. Tangangé harita téh. Manéhna reureuh. Ngalungsar handapeun johar. Mikir. Ngebon naon nu kira-kira cocog? Nu enggeus-enggeus mah, wungkul eurih nu bisa hirup subur.
Pasosoré hujan miripis. Manéhna pinuh harepan neuteup pikeboneun. Maju ka reup-reupan reuwas. Nempo sirung tingpelentung. Lod-lodan. Tingjurungkunung beuki jangkung. Anéh! Can manggihan tangkal modél kitu. Tan daun. Tapi dahan katut régangna ngarampidak. Manéhna panasaran. Ditungguan. Mangsa poék tangkal baruahan. Baruleud hérang. Siga bohlam. Bray, ngalempray. Gunung caang kacida. Unggal nu nyawang ti jauhna, katarajieun. Lir siraru ngudag cahya. Jelema rabul. Réang aranéheun. Gunung ramé pisan. Tapi manéhna teu kapangaruhan. Angger ngalungsar. Pikiranana geus cop kana sampeu.*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya