Piindung
HUJAN ngiripis ti janari kénéh. Isuk-isuk masih ngeprul, mugagkeun lampah. Kapaksa cindekul, ngelepus ngéntépan pilampaheun. Bet kalah ngapung. Ngalayang nyawang ka tukang. Duh indung…
Rebun-rebun geus pakpikpek nyayagikeun sasarap keur barudak. Limaan nu keur meujeuhna humileud dulang. Mun teu kaburu nyangray sangu, sasarap téh sangu sésa cukup ditinyuh jalantah. “Sok sing sareubeuh keur tanaga di sakola. Montong mikiran Apa. Keun wéh…” saur Ema lamun seug Apa keur teu aya.
Mindeng Apa mah tara meuting di imah. Mun teu di Wa Ėha, keur kabagéan kilir di Bi Irah. Tara ieuh Ema mah mikiran Apa, tetelepék tunyu tanya. Jeun wéh. Meureun kajongjonkeun rendey anak. Atuh palaputrana gé, utamana uing, jadi piindung. Sagala rupa kumaha Ėma. Ngan ka Ėma. “Teu hararayang kawas Apa. Mun diparengkeun boga pamajikan téh hayang nu jiga Ėma. Gaganti indung…” gerentes uing harita.
“Tos raat, Pa. Sanés aya acara di yépéka…?” Indung Si Cikal ngagebah. Duh. Padahal éta mah poé Saptu, rék datang gé jeung Si Bungsu.*
Abu Ainun - kisuta.com


