Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Angen-angen

Minggu, 17 April 2016

ieu angen-angen, Kaulanun
(pirang kahayang nu méngpar tina ugeran langit,
nu reuteum ngarait dina unggal dahan impian
nu parentul luhureun palalangon rasa)
bet mingkin ngabebela geuning.

Ngagarang keyembeng karumasa na kongkolak panon.
Ngaduruk surat-surat Anjeun nu pating kurunyung unggal janari: teu kungsi kabaca.

Ngajaulkeun silalatu katugenah
Nilemkeun beungeut wanci dina méméhong pikir.

Ieu angen-angen, Kaulanun,
bet mingkin maceuh waé geuning.

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya