Mindah Rupa
ASA kurang kumaha ngabakti kanu jadi salaki. Unggal usik ngaluis. Pakéan modis. Soal masak pasti ngeunah. Kamer saré éstuning rapih. Beresih. Tapi naha nu jadi salaki bet haré-haré. Asa cawerang rarasaan teh. Komo lamun diajak sapatemon aya wae alesanna. Kadieunakeun mindeng balik peuting. Sakapeung janari. Ngalembur cenah. Saptu isuk-isuk bébérés. Di meja balatak keretas dokumen jeung leptop. Rét, kanu kantongna nu méléngé. Tuluy dibuka. Bréh, aya kosmétik jeung lingeri. Amarah ngaduruk hulu. Saha bebengokna. Kira wanci harieum beungeut, salaki indit. Aya bisnis alesanna mah. Teu éléh-géléng. Dituturkeun. Sup ka hiji diskotik. Nungguan sakeudeung. Ngawani-wanikeun asup. Késang ngorolok. Awak ngadégdég. Basa ningali salaki panggeulisna di riung ku lalaki.*
Rini Mayasari - kisuta.com


