Sastra & Humor
Sajak
Lunch
Selasa, 19 April 2016
Panon poé pépédéngkréng
Ngusir sésa girimis
Mangyuta lalay parebut katumbiri
Rabeng lain wanci, ngalalangséan wiati
Dina méja makan di hiji réstoran,
barudak parebut bubuy bulan.
Silih rewég. Silih rewod. Silih cakar. Silih herengan.
Indung bapana jongjon balakécrakan.
Leungeunna pakupis noélan léptop.
Bari teu reureuh ngawangkong jeung hénpon.
Tukangeun réstoran,
mangpirang budak teu dibaju,
ngariung haseup réstoran.
Leungeunna pakupis.
Nyuay-nyuay tumpukan runtah.
Nyiar sésa kanikmatan.
Panon poé meungpeun carang
Noong beungeut langit nu lamokot
kasebrot getih widadari.
Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


