Randa Bengsrat
TAYOHNA mah Dadan téh geus ngadodoho, yén iraha Néng Ami ngarandana. Sabot macaan status éf-bé nu hayoh waé galau, jaba potona sok mindeng nyorangan. Teg wé Dadan geus bisa maca kaayaan rumah tangga awéwé nu kungsi ngancik dina haténa téh keur runtag. Saenyana Dadan ti basa kuliah kénéh di Unsil neundeun harepan ka éta mojang. Alatan Dadan mah harita teu wanter, jadi éléh babar ku Yuda anu boga pangabaran ka awéwé.
‘’Ami kamana poto carogéna? Geuning teu aya?’’ Dadan nginbox Ami.
‘’Héhéhé….Ami parantos pepegatan, Dan.’’
‘’Oh kitu nya? Tos lami?’’ Dadan nyusul tepus.
‘’Aya kana 5 sasihna.’’
‘’Har kutan téh? Apan Yuda sakitu nyaahna ka Ami?’’
‘’Ah, nyaah ti anggalna wungkul. Geuningan A Yuda téh galak. KDRT. Ami ogé kungsi dijenggut bari ditalapungan. Dugi ka manéhna ngaragragkeun talak tilu sapada harita.’’
Dadan nu sarua geus nyangking status duda, ngajak kopi darat ka nyi randa. Ami sok sanajan umurna punjul tilu taunan ti Dadan, tapi masih kénéh ngareusi. Estuning mojang kota nu daék ngurus awak. Ka salon apan teu sirikna unggal usik. Jangkung lenjang pisan Ami mah. Matak kumétap lalaki mata karanjang.
Dadan jeung Ami patepung di Asia Plaza Tasik. Ngahaja Dadan mah ngajak lalajo filem di Twenty One. Filem mah teu dipaliré ieuh ti tadadi ogé. Leungeun Dadan palid kamana waé. Ku Ami diképéskun, sakapeung mah tampolana diciwit.
‘’Ih, meni garila teuing. Naha Dadan jadi kieu?’’ Ami satengah ambek.
‘’Ulah bendu geulis. Iraha atuh nikah?’’
‘’Mangga waé énjing ogé hayu.’’ Ami bari ngabaheuhay nyarandé dina taktak Dadan.
Filem beuki lila beuki ramé, nu lalajo surak. Pating kaleprok. Juru panon Dadan mah maling rérét waé ka Ami. Sakapeung nyoo gado Ami anu jiga endog sapotong. Rarayna saliwatan mah persis jiga almarhumah Nike Ardilla biduan asli ti Ciamis téa. Buuk Ami anu sacangkéng diusapan. Dadan rada ngantelkeun biwirna kana pipi Ami. Biwir Dadan dijembél sataker kebek.
‘’Aduuuuh….atuh sing kira-kira Néng!’’ Dadan mureleng bari nungkupan biwir anu dijembél.
‘’Ah bongan wé baong….’’ Ami rada ngadilak.
Teu lila Dadan ngarangkul Ami. Ambekan Dadan rénghap ranjug. Basa Néng Ami rugup-ragap kana saku calana éta duda.
‘’Tah ieu geuning.’’ Néng Ami bari cek kana HP Dadan.
‘’Sugan téh milarian naon. Kanggo naon milari HP Aa?’’ Ceuk Dadan mentegeg.
‘’Sakedap hoyong nelpon. Ami teu gaduh pulsa.’’
‘’Oh mangga.’’
Ami pamitan rék ka jamban bari mawa HP Dadan. Cenah mah rék nelpon, di rohangan mah gandéng ku sora filem. Aya kana 10 menitan Ami ka WC téh. Dadan élékésékéng. Palangsiang nomor-nomor kabogohna dibukaan ku Ami. Rentang-rentang Ami datang nyuay-nyuay nu lalajo bari pupuntenan bisi ngadupak batur. Gék Ami diuk gigireun Dadan. Bari song ngasongkeun HPna.
‘’Nuhun Dan.’’ pokna.
‘’Naha meni lami?’’ Dadan bari nampa HPna.
‘’Muhun puguh ngantri di jambanna.’’ Tempas Ami.
Réngsé nonton filem, Dadan ngajak dahar ka Ami. Saenggeus wareg beuteungna. Ami dianteur ku Dadan hayang shopping cenah. Asa kaeuleuh ku awéwé, Dadan nyumponan kabéh kahayangna. Baju aralus tilu stél, kosmétik nu marahal dipangmeulikeun, jam tangan nu ditarétés ku inten dipangmeulikeun, tas, sapatu, katut ka HP Iphone nu hargana 13 juta dipangmeulikeun ku Dadan. Diitung-itung béak kana 20 jutaan sapeuting harita keur nraktir nu geulis wungkul. Duit ladang ngumpul-ngumpul sataun téh ledis sajongjongan. Dadan bati neureuyan ciduh.
Di luar hujan ngagebrét. Jorojoy Dadan téh kaluar sipat buraongna. Leungeun kénca Dadan rébo ku barang balanjaan keur Ami.
‘’Néng, suang check-in yu….’’ Dadan bari ngaléng Ami.
‘’Hemm….alim ah. Nikah heula.’’ Ami bangun ku giras bari ngaleupaskeun rangkulan Dadan.
Teu lila aya mobil Jeep tentara ngaliwat hareupeun Dadan jeung Ami nu keur narangtung hareupeun gerbang Mall. Reg mobil téh eureun. Ami nitah Dadan supaya barang balanjaanana diasupkeun kana jero mobil. Dadan nurut teu baha. Ngarah kapaké ku Ami meureun daék dititah naon waé. Sabot Dadan ngasupkeun balanjaan.
Gebrug!! Sora panto mobil ditutupkeun. Brep…Brep…Brep…!! Sora sapatu laras tentara ngadeukeutan Ami.
Dadan tanggah. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan basa nénjo Ami ngaléeng cangkéng éta tentara anu jangkung badag. Awakna tegep. Katingali ku Dadan yén éta tentara téh geus boga pangkat dina taktak jigana mah Létnan Kolonél.
‘’Halo sayang,,,makasih udah jemput aku ya.’’ Ami bari imut ngagelenyu ka éta dedegan tentara.
‘’Iya gak apa-apa honéy. Lain kali kalau pergi ke Mall jangan sendirian ya.’’ Ceuk éta soldadu ngomong ku bahasa Indonesia ka Ami.
‘’Mang, makasih ya udah nganterin barang-barangku.’’ Ami bari dadah ka Dadan.
Ami langsung asup kana mobil Jeep jeung éta tentara tuluy laju. Mobil ngereles diteureuy pépéngkolan anu poék ku tatangkalan. Hujan beuki nyéor. Kingkilaban pating barasat. Leketey haté Dadan jiga kapuk kaibunan. Seueul. Mentegeg. Pagaliwota sagala rasa ngahiji. Asa hayang nonjok éta kabogoh Ami tapi teu wasa.
‘’Goblooog!!! Duit aing ledis dua puluh juta ku si randa béngsrat. Koplooook sia téh Ami…..Awéwé édan. Awéwé éf-bé mémang tangkurak kéhé…..Sing modar siah tabrakan!!!’’ Dadan meupeus keuyang bari najong sataker kebek tong sampah plastik.
Beledag! Tong sampah ditajong nepika paburantak runtahna.
‘’Hey! Apa-apaan kamu?’’ Sora Satpam ti tukangeun Dadan nu ti tadi jigana nyerangkeun.
Teu ngarérét deui ka tukang, berengbeng Dadan lumpat sataker kebek satengah notog-notogkeun maneh.***


