Pélét
NGILU mangnyerikeun batin nu jadi anak. Kelemet nepungan ajengan. Brak wé muka talajak minantu nu boga WIL, tepi katéga megatkeun duriat nu jadi anak. Laju ngurihit ménta jampé pélét keur nu jadi anak. Ari nu dipinangsarayaan kalah bareubeu beungeutna. Malah jawabanna matak ngajenghokeun haté, "Ih, ari euceu. Puguh abdi gé saréatna mah ditarékahan ku akangna, ngadahup ka 'pun bojo téh. Saéna masalah nu karieu mah ka akangna, langkung paos geura!"
Banget ku teu nyangka bakal nampa jawaban kitu ti ajengan. Nyel, malik ambek ka nu jadi salaki, "Cik atuh sing aya gadag. Gawéan tah minantu gejul téh ari boga pangarti mah!" cekéng, morongos. "Jih, nya sabar atuh. Moal lila deui gé ngurunyung, bakal ngangajak rujuk ka si nyai. Kawas baréto didinya runghak-renghik méménta dikawin!" Pokna téh meni tiis, laju ngincid ninggalkeun kuring nu uleng, nginget-nginget ka mangsa rumaja nu geus lawas kalarung. Aéh, boa-boa baréto gé kuring...?*
Kang IsMaya - kisuta.com


