Sastra & Humor
Fikmin
Pajaratan
Rabu, 20 April 2016
SUP, ngasupkeun tumpukan carita kana buntelan. Reketek, ditalian pageuh. Lalaunan diturunkeun kana lombang. Ragamang kana jero dada. Kurah koréh. Karampa haneut kénéh. Bret. Dibetot sakaligus. Beureum semu hideung. Ngadungkuk baseuh. Juuh. "Tah, ayeuna mah moal deui aya rasa nyeri, rasa peurih. Najan leungit rasa bungah jeung bagja." Lung, dialungkeun kana lombang. Ditutup taneuh beureum. Langit hideung. Angin ngadadak eureun. Tatangkalan teu usik. Réhé comrék. Manéhna ngaleos meulah jalan nu meredong bari ngancingkeun baju nutupan dadana nu bolongor bolong.*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


