Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Meni Kitu!

Senin, 25 April 2016

AWAK harééng, sirah jangar. Hudang gé asa muter dunya téh. Sakitu apal, salaki meni haré-haré. Boa pédah capé, boa keur loba pikiran. Tapi angger haté mah rada medenghel. Naon héséna nanya. Ukur nanya. Gering naon, atawa kumaha. Ih! meni henteu.
Kapeutingnakeun karék nyampeurkeun. "Dikerok nya Mah?" Bari gék pipir risbang. Kuring unggeuk. Maksakeun diuk. Baju dilaanan ku manéhna, kakait béha dilésotkeun. Duit bénggol nu tiis, peureus ngagurat awak. Imeut pisan.
Bérés ngerok, awak dibalur deui ku hénbodi. Dampal leungeunna karasa nyasaran ka sakujur. Ti punduk, taktak, tonggong, béh jangjang nepi ka cangkéng. Kadéngé haroshos. Kuring surti.
"Payunna Mah," pokna halon. Ngageter. Kuring malik. Nyarandé kana bantal. Jempolna diteueulkeun kana dada. Ngurutan lalaunan. Dipapay. Emh! Panon peureum. Haroshos kadéngé beuki kerep. Patarik-tarik jeung kuring.
"Mah..." ngaharéwos halon.
"Iya Pah..." sora kuring kadéngé ngageter.
"Anggo deui acukna." Jung nangtung, tuluy ngaléos ka luar kamar. Ih meni kitu daaa!*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya