Sastra & Humor
Sajak
Balungbang
Senin, 25 April 2016
Balungbang, Kaulanun
beunang ngahaja ngali di sarakan asih nu lami keri,
kiwari geus ngemplang ku cikahuripan : kahéman Anjeun nu canémbrang.
Kumalangkang.
Ringkang raga
Basa lumampah sapanjang katiga rasa.
Basa tresna katideresa mangpirang pangrobéda.
Basa ieu jisim ngidekliheran sakadang belis.
Basa ririwa mulan-malén bumetah na kongkolak otak.
Basa amarah nyangkalak kanyaah.
Basa ceuceub miceun lambaran deudeuh.
Basa kaéra geus teu jadi kelir pikir.
Balungbang nu ngemplang canémbrang, Kaulanun,
geus nganti ieu jisim pikeun teuleum dina tingtrim pikir.
Malidkeun kerak-kerak daki
sésa katiga entak-entakan.
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


