Agama & Cinta
PARA tokoh carita hémpak merbayaksa. Pangarangna maot deui, teuing nu ka sabaraha kali. Maranéhna pada-pada hayang ngurebkeun, luyu jeung agamana séwang-séwangan. “Anjeunna kantos ngajarkeun agama ka kami. Dina bab maot dijéntrékeun, yén mulasara layon téh kudu dibeuleum,” cék nu saurang. “Teu bisa! Éta mah agama nu diturunkeun dina bab hiji. Dina bab dua anjeunna nyarita, yén mulasara layon mah kudu dipalidkeun!” cék nu saurang deui, bari nembrag méja. Jung, tokoh carita narangtung, marasang kuda-kuda. Der, galungan. Silih jengut silih babuk nepi ka réa nu tatuna. Kurunyung wanoja. Datang ti bab katilu. Ngahuit. Sorana minuhan sakabéh bab. “Kuring mah diajarkeun cinta,” pokna. Jep, kaayaan simpe. “Janten kedah dikumahakeun atuh ieu layon téh?” pok nu nanya bangun asa-asa, duka ti bab mana. “Beuleum! Tuluy palidkeun!” cék éta wanoja, sorot matana ngadadak beureum. Durma atra ‘na kongkolakna. Layon pangarang, gur diduruk, laju dipalidkeun. Dina bab kaopat. Kuring méstakeun sakabéh tokoh carita.*
Ibnu Hijar Apandi - kisuta.com


