Bulu Taneuh
SAN! Seuseukeut tineung ngaraha ‘na tungtung angen akang. Nahun. Akang nyangsaya katenung liwung. Saban rénghap. Haté akang wungkul peurih kaganjel imut salira. Sok émut waktos pakanci. Ocon di saung ranggon. Akang téh kasép! Ceuk San harita. Basa ngagéléhé na lahunan akang. Mung saur tuang ibu moal dibikeun ka turunan bulu taneuh! Karaos kénéh da. Haneutna ciduh tuang ibu naplok dina beungeut akang. Saurna téh akang mah cocokna ka Si Mimin. Muhun Si Mimin anu kantos jadi babu bumi San! Ti harita akang ngoléséd. Lunta. Nahun.
Deuh. Harianeun! Ayeuna paamprok téh na korsi panas. San! Kunaon janten gegedén téh bet kalangsu? Wayahna. Sanés téga! Akang mah sakadar ngajalankeun tugas. Dibérok téh tangtos lungsé. Sapertos lungséna akang dibérok tineung. Hapunten teu tiasa ngalongokan. Da bilih kumaonam. San! Ieu SMS ti akang. Nguningakeun, wiréh tuang ibu ayeuna nuju teu damang, ngarereb di bumina Si Bulu Taneuh. Nuju diméménan ku dokter Mimin.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


