Ditoél Jurig
BREK Jang Umuh téh gering parna. Nepika mimingguan. Awakna ngalelempréh di tengah imah Mang Muksin tukang céndol. Cileuhna sagedé-gedé peuti. Rarayna celong. Kulitna pias jiga kapas. Meni euweuh getihan. Teuing geus diobatan ka mantri atawa acan. Sasatna jalma nu hirup kumbuh di kampung, ceuk kanyaho kuring ayeuna nu geus ngalap élmu kaséhatan. Meureun éta budak téh katarajang ku Tipes. Biwirna gararing. Panonna wé gular-giler. Panasna nyebrét. Kuring ogé harita masih bolon. Sakola ogé SD kénéh. Ngadéngé béja Jang Umuh muriang, babaturan sapangulinan téh daratang hayang nempo kaayaanana.
‘’Umuh téh puguh sok ameng ka caketeun tangkal pedes di sakolana. Cenah saur kokolot mah kasambet. Ditoél jurig kawasna mah.’’ Ceuk Bi Ukah, indungna Jang Umuh muka caritaan.
‘’Maenya Bi?’’ barudak aya nu nyelok.
‘’Duka ari bener henteuna mah. Eta wé disaréatan. Dibéré bonéka ku Abah Udin ngarah jurigna mawa éta bonéka. Ulah mawa waruga anak Bibi.’’
‘’Oh kitu.’’ Barudak pating palencrong.
Sawaréh aya nu raéng ngaraji sabisa-bisa. Bari ngadaro’akeun nu keur tiktikbrek. Réngsé ngalongok, kuring jeung babaturan panasaran kana omongan Bi Ukah. Dina akar tangkal pedes di tonggoh deukeut gorong-gorong SD Sindanghayu Lima, enya wé aya bonéka warna bodas nu dikaput. Lawonna mangrupa kaén keur boéh. Aya ogé kekembangan tujuh rupa jeung menyan. Roko Gudang Garam sabungkus jeung gelas leutik eusi cikopi nu geus digurumut ku sireum. Teuing naon maksudna kolot baheula nambaan budak nu panas ku méré bonéka ka jurig jeung sasajén. Ku kuring mah ditokéran éta bonékana. Bari dibabétkeun kana taneuh.
‘’Sép, kadé bisi kabadi.’’ ceuk si Budi.
‘’Lah, hayang nyaho nu kabadi téh jiga kumaha.’’ Ceuk kuring nangtang suéen ka éta jin.
‘’Ulah sompral jadi budak mah.’’ Témpas nu séjén.
Ditungguan ku kuring nepika ka ayeuna jinek geus sawawa, si jurig téh naha teu wani noél-noél kuring. Komo kabadi atawa kasarumahan mah asana sauumur nyunyuhun hulu can pernah ngarandapan. Jeung jigana moal bisa jigana jurig nyurup ka kuring. Sieuneun apan ka jawara mah.*
Ki Dalang - kisuta.com


