Kageulisan
BOGA beungeut geulis téh ibarat keuna ku supata. Boga rupa geulis siga miara kajahatan. Kuring cenah geulis. Ceuk eunteung, pujianna inbok, rayuanna sms, haréwosna telepon, kiceupna ustadz, gorowokna bocokok. Sapuluh pelong, sapuluh rénghap birahi. Nanasiban nu geulis. Kuring téa éta téh. Sagala paripolah dipaksakeun kudu ngimbangan rupa. Léngkah kudu modél macan teunangan. Bujur kudu ngagéol éntog. Cangkéng kudu salenggik papanting. Dada nyeungsreung siga telih hayam. Kempot siga liang undur-undur. Asa sato hungkul. Kusabab geulis supata, jaba kajahatan, jeung siga sato. Ngawayahnakeun ku kolot dirérémokeun ka maung pohang, bari jeung didodoho ku ajag ogé buhaya nu hayangeun ngadahar kuring, Si Geulis téa.
"Wayahna, Nyi. Akang béakkeun modal. Nyai dipaké keur naur hutang. Salalawasna cinta akang ngan keur Nyai," ceuk maung nu sihungna punglak. Masrahkeun kuring, nu geulis, kana baham ajag, ti ajag kana calangapna buhaya.
Dina tungtung janari. Kuring, urut si Geulis téa. Adu harga jeung jangkrik mabok.*
Emalia Ilyas - kisuta.com


