Rawayan Nu Jadi Saksi
PATEPANG henteu dihaja. Jonghok ukur sagokna. Saméméh nincak rawayan. Wahangan hérang ngagenyas. Cai ngérélék ngawirahma, dina sesela batu taréngtong, dipirig hiurna angin.
Asa ku geus lawas henteu patepung. Ukur ngabetem, ngabangbrang tineung.
Patepung dina rawayan, ukur saheulaanan. Sabéakna pameuntasan, tinangtu silih pileuleuyankeun. Geus kitu kuduna, nu hiji ngalér, nu hiji ngidul.
“Sindang heula atuh, Kang.”
“Ayeuna mah tos sonten teuing. Énjing waé, sateuacan miang deui ka dayeuh.”
“Muhun, diantos.”
“Tapi, naha tuang raka nuju aya di bumi?”
“Tos tara ka mamana ayeuna mah.”
“Oh. Mangga dikantun.”
“Mangga. Wilujeng.”
Kang Ubéd méngkol ka kénca, mawa sundung metung ku jukut. Aman yeuh, jero tilu poé mah, salila iang dagangan ka dayeuh, moal kudu ngarit, ceuk dina haténa. Ceu Isoh mah ngatuhu, ngabengkot ngagandong pangpung, jangeun parab hawu. Mending sina milu ka dayeuh salaki téh, batan di dieu ukur ngahihintul taya gadag, gerentes Ceu Isoh.*
Tatang Sumarsono - kisuta.com


