Di Bagendit Manggih Pudunan
PANAS mentrang-mentring. Hareudang bayeungyang. Anteng. Sisi talaga jongjon ngajanteng. Neuteup cai nu kasaaban. Saab. Lir saabna lelembutan harepan. Ayeuna, di dieu, hayang reureuh sakeudeung. Nyalingker, nyingkahan sakur geugeuleuh. Angger. Kabayang beungeut-beungeut dayeuh nu kungsi nampik. Nyerina karasa kénéh, basa teuteup telengesna nyérangkeun léngkah nu suda ngéngélék map. Sabot kitu, karungu aya nu nanya, “geuning Ujang mah ngemu kabingung?” Geter sora nini-nini. Hélok. Teuing timana jolna bet nyampak gigireun. “Jang?” Ngagareuwahkeun nu ngahuleng. “Aéh, sumuhun, Nyai! Puguh baluweng kuring téh!” Ngadéngé kitu si Nini nyikikik, bari pok deui, “karampa, Sujang, karampa! Kieu ayeuna mah, pikiran ku Sujang, kumaha carana sangkan ieu talaga saat?” “Teras naon sababna kuring kudu nyaatan ieu talaga, Nyai?” “Heueuh, apanan pakaya uing di dinya! Pék! Eta pakaya paké ku Sujang ngawangun Bagendit, sugan jaga heurin ku birit. Moal ménta buruhan ti Sujang! Geus cukup sajajar jeung Sangkuriang nu Bandungna heurin ku tangtung gé!”*
Remi Sadkar - kisuta.com


