Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sapasang Mata

Rabu, 4 Mei 2016

SAKAPEUNG nyérangkeun ti kaanggangan, sakapeung neuteup teu kiceup-kiceup. Sapasang mata beureum ngempur nunutur saprak manéhna remen ngahérang lebah dinya, tukangeun imah. Peuting harita teu cara sasari. Sapasang mata ngempur ngawaskeun tina sela-sela daun caringin. Beuki lila angin karasa motah. "Andini." Sora nu ngagentraan awor jeung gelebugna angin. "Saha manéh?" Sora kapegat-pegat, tumanya. "Aing Banaspati. Andini milik aing!" pokna marengan laun-laun jirimna atra némbongan. Jujul saluhur pucuk caringin. "Nyingkah, ririwa!" gorowokna. "Andini milik aing!" Nyéh, katémbong ranggéténg. Beuki dieu aral bet ngalimpudan. Ragamang. Tambang dbeulitkeun kana dahan caringin. "Hirup aing lain keur sia, Banaspati!" Reketek. Kapireng nu nyakakak handaruan. Sapasang mata mencrong hiji waruga nu ngagantung teu nyawaan. "Andini milik aing...."*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya