Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Poé Katujuh

Jumat, 6 Mei 2016

POÉ kahiji. Rét kana jandéla. Hujan ngagebrét kawas diutahkeun ti langit. Tilu poé tilu peuting siga nu teu hayang raat. Cai mimiti limpas. Caah. Jalma-jalma naraék ka loténg. Ka suhunan. Tapi langit kalah beuki rosa. Guludug tingjelegér. Poé kalima imah coréngcang, kabawa palid. Satungtung deuleu ukur cai umpal-umpalan. Tapi langit can eureun nurunkeun dodoja. Koréak tingkocéak. Sit uncuing ngajerit. Mayit ngarambang di mana-mana. Ngarangkleung jeung bangké beurit, bangké hayam, bangké munding. Teu kadéngé deui sora ajag nu sok babaung ti kajauhan. Poé kagenep angin ngaguruh beuki tarik. Gelap tingburinyay, kawas nu keur pésta. Rébuan bangké ajag kabawa palid. Sora takbir geus ngaleungit. Gelap beuki rosa nyamberan bumi, mapag bangké nu geus bareukah. Ngabungkiang. Poé katujuh, mayit ngarangkleung aleut-aleutan, kawas ngahaja baris. Ngajugjug muara teuing di mana…*

Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya