Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Di‬ Lembur Akang

Jumat, 6 Mei 2016

"NGIRING yu ka lembur Akang engké dinten Minggu," ceuk beubeureuh. Haget unggeuk.
"Nanaonan," carék Mamah "Engké wé lamun geus sah." Leng ngahuleng.
Tungtungna mah bus-bus baju kana kantong. Gutret nulis surat keur Mamah. Ngelemet kaluar méméh subuh muru kontrakan si Akang.
Jam genep geus anjeucleu dina beus duaan. Teu bébéja ka si Akang mah, yén teu diijinan ngilu. Baé ah.
Turun tina beus tuluy leumpang. Mapay-mapay galengan jeung pilemburan. Meuntasan rawayan jeung leuweung pineus. Jauh. Euweuh kendaraan ka lembur si Akang mah. Méh satengah poé leumpangna ogé. Tapi teu ieuh karasa ripuh. Nu sidik mah resep wé da bari ocon jeung kabogoh.
Barang tepi téh dibagéakeun ku Abah jeung Ema, nini jeung akina si Akang, da cenah indung bapana mah geus areuweuh di kieuna. Akuan pisan, sagala disuguhkeun. Ngan nya kitu ukur opieun-opieun kampung kayaning bubuy sampeu jeung gula kawung, seupan hui boléd, sangray suuk, jeung seupan cau nangka. Bawaning lapar mah sakéak ku duaan prang-pring. Ema nepi ka ngehkey nyeungseurikeun.
"Lapar meureun nya Ujang jeung si Enéng téh. Keun sakeudeung deui urang dahar nya. Yu atuh Jang, bisi si Enéng rék istirahat mah sina di kamar Ujang waé. Ujang mah wayahna wé di dieu di tengah imah."
Sup ka kamar. Reup teu inget di nanaon. Capé ongkoh, teluh sampeu ongkoh meureun. Lilir sotéh kagareuwahkeun ku nu keketrok. Kadéngé sora awéwé. Nini-nini jigana mah.
"Ngadéngé ti Nyi Unah majarkeun Si Akang geus balik jeung awéwé,"cenah.
"Sssssttt... tong gareuwah. Hayu ngobrolna di tukang." Sora Ema. Rekét-rekét palupuh. Kadéngé hawar-hawar tinggerendeng di dapur. Reup deui.
"Yaaang.. Nénéng... gugah.. urang emam yu,"si Akang ngageroan. Lilir. Geus peuting geuning. Buru-buru hudang. Kaluar téh nyampak si Akang geus ngadagoan bari imut.
"Meni tibra. Capé nya. Yu ku Akang dianteur ka tampian. Bisi rék tamas heula. Atawa ibak wé atuh nya."
Rada jauh ka caina téh, di lebakeun imah. Ngaliwatan kebon. Harieum. Mawa batré da sidik paroék can asup listrik. Teu mandi. Tiris teu kuat. Sibeungeut gé nepi ka ngahodhod. Si Akang nyenghél. Dasar. Kalah nyeungseurikeun batur tiris téh. Digebug kalah beuki seuseurian.
Nepi ka imah, sup ka dapur. Abah jeung Ema geus ngadaragoan. Jeung nini-nini saurang. Nu tadi téa meureun.
"Néng, ieu Ma Mimi. Masih katalian dulur kénéh jeung Ema."
Delék si Nini téh. Diseurian téh kalah beuki manyun. Éh, sok ku araranéh.
Brak dalahar saaya-aya. Ma Mimi mah teu pati ponyo daharna téh. Siga nu bari ngalamun. Réngsé dahar, pindah ngariungna di tengah imah. Abah jeung Akang ngarelepus, Ema jeung Ma Mimi ngabulaeh nyareupah. Kuring mah ngahuleng wé. Tungtungna mah amitan ka kamar. Teu genah paroék. Euweuh hiburan. Kusek deui waé.
Hudang geus beurang. Geus liwat ti carangcang tihang. Euweuh nu ngahudangkeun. Ras ka Mamah. Meureun keur ambek-ambekan atawa keur ceurik di kamar. Ah keun baé. Bonganna teu ngijinan.
Kaluar téh euweuh sasaha. Gura-giru ka tampian. Kasampak téh aya kana limaanana nu keur nyeuseuh jeung ngumbah wadah. Geus karolot. Kitu wé pantar-pantar Ema. Ngaralieuk, nyéh arimut. Arakuan ieu mah teu cara Ma Mimi.
Balik ka imah téh masih kénéh suwung. Teuing ka marana. Gusat-gesut dangdan. Lapar teu kuat.
Di dapur ditempoan téh euweuh nanaon. Lahlahan ka luar. Rék néangan warung.
Leumpang ngurilingan lembur. Manggih warung di tungtung.
"Mangga Enéng, peryogi naon?" nu dagangna ngabagéakeun. Aki-aki pantaran Abah.
"Manawi aya tuangeun, Bah. Lapar. Teu acan sarapan."
"Aéh-aéh hawatos teuing. Ma.. cing aya kénêh sangu ketan. Ieu si Enéng lapar cenah. Ku Ma Uning can disuguhan meureun," bari ngagero ka jero imahna. "Éh, muhun nya Enéng téh tamu Ma Uning?" cenah bari ngarérét. Rada pungak-pinguk da puguh teu nyaho ngaran Ema.
Jol awéwé cetuk huis ti jero imah mawa sangu ketan sapiring. Song bari imut.
"Bagéa, Néng. Wilujeng sumping ka kampung. Kumaha betah, Geulis?" cenah.
"Sepi, Ema," témbal téh bari ngahéhéh.
"Is pan éngké wengi badé aya raraméan di balé désa."
"Oh. Na badé aya acara naon?"
Si Aki nyigeung ka si Ema. Si Ema imut.
"Biasa wé, Néng. Sok teraskeun ngaleueutna nya. Ema mah aya kénéh pasakeun," cenah bari gura-giru asup.
"Abah gé badé ka kebon, Néng. Mangga wé nya. Keun teu kedah diartosan éta mah. Étang-étang nyuguhan tamu."
Rada olohok diculkeun téh. Buru dibéakeun. Tuluy balik.
Akang geus ngadagoan di golodog. Rada keuheul nempo paromanna mah.
"Ti mana. Kumaha mun nyasab," teugeug.
"Tos jalan-jalan. Atuda kesel di bumi waé. Jaba lapar."
"Keun atuh, Jang. Da tos uih si Enéngna. Tong digelendeng. Yu Néng, urang masak jeung Ema." Ema norojol ti jero tuluy nungtun. Di dapur geus nyampak polaheun. Der popolah nepi ka liwat magrib.
"Sok ayeuna mah dangdos sing geulis. Urang ka balé désa."
Bring opatan bari ngajingjing jeung ngélék hasil popolah dicaangan ku bulan anu mabra. Ema témbong kéwes maké kabaya bodas, Abah dipangsi hideung.
Di jalan papanggih jeung tatangga-tatangga Ema. Nu kungsi panggih di tampian téa. Sarua rébo.
Jol ka balé désa geus rempeg. Ma Mimi nyampeurkeun. Dangdan sataker kebek. Dikabaya bungur. Gelungna gé make roncéan malati sagala. Angger dulak-delék.
Luak-lieuk néangan nu sapantaran. Euweuh. Kabéh geus karolot. Pantar-pantar Ema jeung Abah. Jigana carekel gawé di kota nu ngarorana mah. Jiga Akang.
"Mangga atuh urang ka lebet. Urang kawitan waé," ceuk aki-aki nu dipangsi bodas.
Cat arunggah. Sok babawaan diteundeun di hareup. Gék ngajajar nyanghareupan balê-balé.
"Para wargi. Wilujeng sumping. Wengi ieu wengi nu parantos diantos-antos ku urang sadayana. Sang Déwi tos ningalikeun cahayana. Urang bakal kénging kasinugrahan sapertos nu parantos-parantos. Mangga Ujang, majeng ka dieu sareng Enéng," ceuk si Aki bari unggeuk ka kuring.
Si Akang ngarawél siku. Tuluy nungtun ka hareup. Brek deku hareupeun si Aki. Bari hémeng gé, brek gigireun si Akang. Rup kaén bodas kana sirah. Selengseng seungit kembang malati. Kadéngé samar-samar si Aki ngagereyemkeun jangjawokan. Leng lieur. Bluk nyuuh kana palupuh. Regeyeng karasa dipangku ku Akang. Tuluy dikedengkeun dina balé-balé nu pinuh ku malati. Reup peureum bari ngararasakeun kalieur. Si Aki ngadeukeutan bari beuki tarik maca jangjawokanana. Pel leungeunna kana embun-embunan. Héab. Hiji-hiji jalma-jalma téh maju ngadeukeutan tuluy napelkeun leungeun kana embun-embunan. Beuki panas. Teu kuat. Goak. Ngagurinjal cengkat. Karérét leungeun, karijut. Suku, paréot. Buuk nu ngarewig ka hareup, barodas. Rék hudang teu kuat leuleus. Blak deui. Rut-rét ka sakuriling néangan Akang. Rék ménta tulung. Karérét parawan rancunit dikabaya bungur nu gelungna dipasieup roncéan malati keur nanangkeup ka Akang. Di gigireunana aya pamuda make pangsi hideung jeung awéwé ngora dikabaya bodas. Panon beuki lamur. Téténjoan beuki poék.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya