Mitsaqan Ghaliza
LEBENG, duka kumaha mimitina. Tuluy remen uplek. Bener rasa mah teu bisa dikilungan. Padahal ukur neuteup potrétna. Bet terus kacangreud. Sakitu sidik dipimilik ku nu lian. Horéng batur sorangan. Jinisna mah teu apaleun, keun baé, Ngahaja rék disidem.
"Kabita," ceuk kuring harita ka manéhna. "Mung sakecap?" Témbalna. "Kabita ku naon atuh, Kang?" Manéhna panasaran. "Kabita ku tuang raka, tiasa ngéngingkeun nu sapertos salira," témbal kuring.
Cenah jangji satuhu kumawula. Ngagem naon nu didawuhkeun dina kitab suci. Demi nu geus kacatet di Lauhul Mahfuzh. Pikeun asma nu tacan kungsi ditasbéhkeun. Nawaétu, yakin nuturkeun keretegna. Najan tarahal jalan nu disorang. Aya dina kalang nu teu ilahar. Malah dipahing ku sawaréh jalma nu teu du'a.
Jadi lali ka inggis, anggang jeung rémpan. Sawarga nu jadi harepan, Talaga Haudh pamustunganana. Kaceuceub katut kapeurih mah geus diruang jero pisan. Ihlas, dulang tinandé. "Tos jodo sareng pada-pada bogoh, Kang." Mitsaqan Ghaliza. Aya nu nyentug kana angen.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


