Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lampu Beureum

Selasa, 10 Mei 2016

LAMPU beureum. Jagat hieum. Aya nu katalimbeng dina cangkang nu ahéng. Manéhna teu apal mimiti. Teu apal kudu kumaha satuluyna. Ras ka diri, ras ka indungna, nu keur wales di lembur. Talatah nu kasakitu kalina, hayang tepung heula jeung manéhna. Ras ka Tinceu, nu nyaah jeung ngarti kaayaan manéhna. Pada-pada sasab di jagat deungeun. “Rék ditepungan isukan mah,” gerentesna, nurut papatah Tinceu. Lampu beureum! Kendaraan eureun. Aya léngkah jeung rénghap nu ngilu eureun. Teu kebat manéhna ngaléngkah. Kurunyung Tinceu. Ngagabrug bari nyegruk. “Balik. Indung manéh…” pokna, bangun teu wasa neruskeun omonganana. Dina trotoar, kecrék leutik murag. Ku manéhna teu dipaliré.*  

Ibnu Hijar Apandi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya