Sastra & Humor
Fikmin
Kikisik nu Nyagara
Jumat, 13 Mei 2016
ZAHWA nu miangkeun hatèna unggal mangsa rumangsang. Mapay-mapay sisi Rub'ul Kholi. Nuturkeun gelebugna angin pangrèrab nu euweuh sudana.
Awakna mah katalikung dina korsi roda, satukangeun rèrègan nu disebut jandèla ku manèhna.
Lebahing Rabèigh pisan. Satukangeun hiji wangunan nu ngan katincak ku jalma-jalma mun hanaang maturan satutas 313 kilomèter kaliwatan.
"Hawaya ma'arrimali yatiiru. Wa jusmani ma'addam'i yusaaqu."
Zahwa milang peuting ku rènghapna. Ngararasakeun simpè nu kadang kaselang ku sora kafilah nu istirahat hareupeun wangunan nu mangtaun-taun ukur kateuteup panto tukangna.
Lebah Rabèigh pisan.
"Cinta kaula kakalayangan luhureun kikisik nu nyagara. Jasad mah teu kamamana, ditalian ku cimata."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


