Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kang Kosim

Jumat, 13 Mei 2016

KANG Kosim. Jangkung, langkoyang, jeung carang takol. Tara kungsi kedal kekecapan garihal, matak nyentug kana angen anu lian. Saucap-ucapna tara tinggal ti “sumuhun”, “sayaktosna”, “saé pisan”, “alhamdulillah”, jeung sapapadana. Diémbohan rengkuh jeung pasemon béar marahmay. Jauh tina pidorakaeun, sakurang-kurangna anu dilantarankeun ku omong-omongan jeung papada.
“Badé lajeng ka mana Abah téh?”
“Tah, rék ka landeuh, rék ngajorag si kurang ajar?”
“Oh, sumuhun.”
“Tuman tuda, wates tanah hayoh wé diésér-ésér. Lila-lila lahan déwék béak atuh, ngan kari gawirna wungkul.”
“Sayaktosna, Bah.”
“Pokona, mun ayeuna wani nyangangang, rék ditampiling, lah!”
“Jih, saé pisan.”
“Jeun teuing mun tepi ka kudu urusan jeung désa gé. Pokona kakeuheul anu geus lila disidem bisa kabudalkeun ka mangkelukna.”
“Alhamdulillah.”*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya