Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Linu

Sabtu, 14 Mei 2016

ENYA, lain cinta nu jadi lantaran.
Tuh, luareun jandela! Sagala nu teu dipibanda, ngaleuya. Nu héjo carulang. Nu konéng ponténg. Teu mokaha. Nu kitu, nu kieu, aya pamrihna. Pék tengetan. Talingakeun naon gunana. Tingali deui. Sed saeutik luhureun tuur. Pingping konéng ngaboléklak, taya pisan kamarasan. Saha teuing nu bakal ngajalanan. Adigung méakkeun tangtung. Sagala nu dipertélakeun harita geus ngabukti. Hirup kalalanjoan. Teu maké ugeran. Teu ngilik ka mana ka mendi. Nu aya di tungtung irung, hiji kanyataan. Teu bisa dipungkir. Ayeuna geus katempo balukarna. Hiji-hiji narémbongan. Nu ieu, nu itu, lain pibatureun hirup. Sakali mangsa, yén nu disebut cinta téh ngan ukur kolényayna sumirat cahya. Teu miboga harti nu saéstu. Ukur rasa nyaah, rasa deudeuh saharita. Teu lana. Teu nepikeun gurat guralitna reujeung sikluk-siklakna pati. Ngarti..?!*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya