Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Carpon

Balébat Tunggang Gunung

Minggu, 15 Mei 2016

"ARI sia teu nénjo kituh Si Kayah ngedeng bareng jeung si Om di pangkéng?’’ Abah Uca maido pamajikanana.
‘’Basa tas Isya mah da misah kamarna. Naha ari ditoong ku kami di kamar tengah si Kayah geus euweuh. Diintip tina jero rérégan, heueuh wéh keur ngedeng bareng di kamer nu pang hareupna.’’ Ma Isol bari ngaharéwos di kamar tukang deukeut pawon.
‘’Ari sia geuning teu gableg cedo? Daék imah urang paké ngampihan nu keur lacur?’’ Abah Uca beuki mureleng.
‘’Ambuing….apan manéhna ogé dicocok duit lima puluh rébu ku Si Om keur meuli bako cenah? Naha maké nyalahkeun ka kami sagala atuh?’’
‘’Har??….Kutan téh heueuh si Om bener dunungan si Kayah di Pangandaran? Mantak rada cangcaya ogé, naha salaki si Kayah teu milu.’’Bah Uca bangun handeueul.
‘’Paduli teuing lah. Geus jalebrog ieuh. Dosa ditanggung sorangan. Komo apan Si Kayah téh geus lain wayah. Incu meni geus dua. Umur geus nunggang gunung.Teu asup kana ijiran, kunaon si Om téh bogoheun ka awéwé nu geus cembul?’’ Ma Isol bari gigisik.
‘’Puguh heueuh…Kami ogé teu kauteukan. Naon cenah pakasabanana éta bebengok téh?’’
‘’Pangacara dédéngéan mah.’’ Ma Isol némpas.
‘’Nanahaon atuh pangacara téh?’’ Bah Uca bari babatek.
‘’Teuing kami ogé teu nyaho.’’
‘’Kunaon atuh si wewelek téh ngaruntagkeun rumah tangga batur ku jalan ngedengan si Kayah?’’
‘’Mantak permanakeun. Geura cerek. Tuman! Warah boga anak téh. Gancang geura carékan. Jung. bisi kangeunahan.’’ Ma Isol bari heuay merelek ngajujurung salakina nu geus bengkung.
Hayam jago raong kongkorongok. Jangjangna kikiplik. Jempling euweuh nu déhém-déhém acan. Wanci janari leutik. Rét Bah Uca nempoan arlojina. Geus satengah tilu, sakeudeung deui Ajengan Iing bakal tahrim di tajug Pa Pujo nu sok ngageuingkeun nu keur talibra sangkan sholat. Jung Bah Uca nangtung. Asa beurat ngaléngkah. Rekét panto imah tengah dibuka lalaunan. Bisi ngagareuwahkeun Nyi Kayah jeung si Om. Bah Uca ngeteyep leumpang lalaunan. Rét ka rohangan tengah, katempo Kayah keur memener simutna. Ngintip deui ka kamar hareup, kasampak si Om téh keur sholat.
‘’Beu….Geus dodolo meureun nini-nini bau hangseur téh. Jalma sasoléh-soléh getol sholat tahajud disangka lacur?’’ ceuk gerentes haté Bah Uca. Tuluy balik deui ka kamar tukang. Panto tengah diringkebkeun deui.
‘’Ari sia gableg mata ditunda dina bujur?’’ Bah Uca rada muncereng.
‘’Kunaha?’’ Nini Isol malik nyereng.
‘’Ku kami katénjo bieu si Om keur ngadedeluk sholat. Naha sia rék nyieun pitnah ka batur?’’
‘’Is mengké heula manéhna. Sing daék dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Teu nginjem ceuli teu nginjeum panon. Puguh kadeléh keur kikituan.’’ Ma Isol semu handeueul salakina cangcaya.
‘’Ngimpi meureun sia mah. Oho…oho…oho…’’ Bah Uca bari ngupluk batuk alatan katiisan dadana.
‘’Heueuh meureun lah.’’ Ma Isol baeud bari cengkat rék ka jamban. Sarua manéhna ogé rék Tahajud.
Kaisuknakeun, langit béngras. Sarangéngé geus naék satumbak. Manuk pédét pating saruit. Entrak-entrik dina régang tangkal calingcing. Kembang Cangkokwijayakusumah keur meumeujeuhna mangkak di buruan imah Ma Isol. Malati barijil seungitna nyambuang sapakarangan. Tangkal jambu médé leubeut ku buahna. Katuk jeung bayem sarirungan hareupeun pager. Sok sanajan waruga geus kolot, Nini Isol téh resep kana pepelakan. Nyi Kayah ngadaweung dina térlas. Si Om mah di kamar cenah keur sholat Dhuha. Ma Isol ngadesek. Nalék deui. Naha bener ti peuting téh ngedeng bareng jeung si Om. Nyi Kayah teu ngaku. Malah nepika susumpahan sagala.
‘’Ih bararaid teuing Ema. Sing kokoro pakokolot mun abi lacur. Tah. Sing teu bisa ngajégang!Sumpah Ma. Demi Alloh.’’ Nyi Kayah nyeuneu.
‘’Ulah ngambek atuh ari henteu mah….Ngan Ema nanya wungkul. Bisi hirup tunggul dilarung catang dirumpak. Lamun anak Ema hirup teu maké tetekon agama jeung darigama, moal bakal jamuga. Sok geura.’’ Ma Isol bari nyokot seupaheun tina téténong. Tuluy seureuh bodas diapuan saeutik, dibéré jebug, turta digambiran. Rada dibakoan saemét. Camuil-camuil nyeupah bangun nu ni’mat pisan. Huntuna wareuteuh kénéh alatan resep nyeupah. Kecrot nyiduh kana tampolong tambaga nu geus teu mangrupa kelirna.
‘’Ma, saenyana mah abi téh rék pepegatan jeung Si Engkos.’’ Nyi Kayah nyalénggorkeun obrolan.
‘’Baruk? Kunaon Si Engkos kituh?’’ Ma Isol mencrong bangun nu kagét.
Derekdek Nyi Kayah ngabéjérbéaskeun kalakuan salakina. Nu ceuk manéhna geus aya tilu bulan tara méré kipayah. Samalah Engkos salakina téh nyandu pisan kana ngadu di Katapangdoyong. Sabot keur aya dina katunggaraan, jol Si Om datang. Cenah mah ngaku jadi pangacara nu sok nulungan ngaresikoan kabutuhan sapopoé. Aranna ogé Budi Kusumah, SH. Nyi Kayah bari ngéméng-ngéméng kartu nama. Reueus meureun kituna mah. Rumah tangga jeung Engkos aya salawé taun, teu boga saung-saung acan. Angger wé ngontrak. Jaba geus incuan. Sugan mun kasorang boga salaki ka pangkat pangacara mah bisa ‘bru di juru bro di panto’ ku pakaya. Nyi Kayah bari rambisak nyaritana. Teuing bener atawa akon-akon wungkul. Ma Isol unggut-unggutan neuleuman nasib anakna.
‘’Emmmh…..Ema mah moal rék nitah. Moal nyaram. Komo deui manéh geus jebrog. Apan geus incuan lin? Naha teu éra ku batur?’’ Ma Isol jiga nu hanjelu.
‘’Make éra ku batur sagala Ma? Da haté abdi nu ngararasakeuna mah. Ieu awak nepika kuru kieu mikiranana.’’
‘’Ema kungsi ngadéngé pangajian ti Ajengan Kiara Bandung, cenah ari tatalakan téh hukumna meunang ngan dibenduan ku Alloh. Cenah si Nyai geus teu kuat, mun nanggung téa mah meureun geus rék peunggas rancatanana?’’ Ma Isol mencrong.
‘’Muhun Ma.’’ Nyi Kayah asa mobok manggih gorowong.

                                                    **
NYI KAYAH nalak sorangan ka KUA—Rapa istilah urang lembur mah. Engkos amuk-amukan barang balik ka imahna, kasampak geus aya paspur kawin geus tatalakan. Teu tarima. Bari ngamang-ngamang bedog hareupeun imah Bah Uca. Panonna gular-giler beureum jiga siki saga. Huntuna kekerot. Kulantang-kulinting jiga hayam jago rék ngabintih. Bari ngagedor panto imah Bah Uca.
Tok tok tok!
‘’Dipodaran sia duanana? Kaluar siah! Aing moal rék neuleu pangkat pangacara. Dicacag diwalang-walang ku aing.’’ Engkos cocorowokan.
Tatangga rabul ti unggal madhab. Rob ngarogrog. Hayang apal aya naon. Pating celenggeu ti kajauhan. Engkos awong-awongan pada ngalalajoanan. Euweuh nu wani néwak da Engkos mawa pakarang. Bedog panjang ngagurilap seukeut pisan katojo panonpoé dina leungeun katuhuna. Si Om jeung Nyi Kayah ngadégdég di jero imah. Ma Isol mah nepika wérwéran kiih. Bah Uca nenang-nenang karep. Panto hareup rék dilaan selotna.
‘’Montong manéhna! Si Engkos jadi jalma burung. Bisi kumaha onam.’’ Ma Isol ngahuit bari ngeleper.
Keur kitu aya Bah Uking nyampeurkeun. Hiji kokolot lembur. Véteran nu kungsi hijrah ka Yogya keur mangsa perang kamerdékaan. Sok sanajan geus rigog katingalna, tapi urat-urat tantara masih kénéh katingal raranteng. Bari ngabelenyéh seuri ngadeukeutan Engkos.
‘’Keheula…Sabar…Sabar…..Sabar…..Audzubillahi kalimatitaaammati min syarri maa kholaq…..’’ Biwirna jiga nu gegerenceman maca do’a.
Cek leungeun Bah Uking nyekelan leungeun Engkos nu ngabedega. Teuing kunaon jiga nu éléh pangabaran. Bet nurut langsung ku Bah Uking mah. Engkos gék diuk. Segruk ceurik ngawiwiw. Réngsé ngelapan cipanon ku tungtung baju nu geus belél.
‘’Kunaon Engkos cenah geus tilu bulan teu nganapkahan Nyi Kayah?’’ Bah Uking nalék.
‘’Rumasa kuring lunta. Apan asruk-asrukan ka sisi basisir. Mapay-mapay karang jeung babaturan. Nepika Pameungpeuk. Néangan sayang walét. Asup ka unggal guha. Susuganan mucekil. Naha ari balik kasampak pamajikan geus nalak sorangan. Ngadéngé béja geus kawin deui ka batur. Peurih Bah…peurih …..’’Engkos nu umurna tengah tuwuh teh carindakdak.
‘’Sing sabar….Éta buuk geus cetuk ku huis. Geus kolot pan? Kudu leuwih sabar hirup mah. Entong getas harupateun. Bisi kaduhung…Komo éta mawa bedog. Bisi kausap ku jurig.’’ Bah Uking bari ngasupkeun bedog Engkos kana sarangkana.

                                                      **
SAPOÉ ti harita, aya pulisi kana mobil datang ka imah Bah Uca néwak salakina Nyi Kayah. Budi Kusumah,SH nu ngaku pangacara téh cenah DPO—buronan nu keur jadi targét salila ieu nu kabur ti Tangerang ku kasus penipuan. Kabéh jalma salelewek kampung Cikembulan mah euweuh nu nyangka sacongo buuk ogé yén jalma nu katingalina bageur, geuning saenyana mah tukang tipu anu rokaha. Orokaya basa Si Om diangkut kana mobil patroli, Nyi Kayah langsung kapiuhan.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya