Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bahula Mawa Mamala

Senin, 16 Mei 2016

DINA gelung jucungna nyelap cucuk tina gading. Amis cauna ngarimyong. Tambaya meulit awak sasampayan. Meureut harigu nu monjoto. Cinggir ngalanggir waktu ramo-ramona ngudatkeun soga dina jimpo. Nyusun aksara. Hiji ngaran nu salawasna mapaésan kalbu. Beungeutna bareubeu. Canting diécagkeun. Lambéréh cimatana mupus pupur. Mapay pipi. Tingkareclak kana sasampur. Nu mulen dina lahunan. Gap. Rikip. Keketeg jajantungna ngerepan. Hawa nyongkab nyulusup tina bilik. Rét ka buruan. Samping dina gantar tingarulang kasilir angin. Panénjona tuluy ngacacang ka luar séség. Nyérangkeun nu rentang-rentang ngadeukeutan. Jirim nu tumuluy ngaringkangan. Unggal waktu. Matak caria. "Kumaha, Nyai? Tetep pengkuh satéh?" pokna waktu geus nyantong di lawang. "Teu nyalahan!" témbalna. Teugeug. Jirim harelung ngangseg. Rék maksa pirusa. Manéhna nindak. Guam. Congo patrem dibulen sasampur diheumbatkeun. Rengkog. Elat. Laju tembus. Niir jajantung. Getih ulawéran. Tuluy ngudupung. Humaregung. Kekejet. Manéhna nyabut cucuk. Gelung udaran. Ngaringkiwik. "Impas, Ka! Impaaas..!" jéréwékna. Tanggah. Jimpo cipruk. Euceuy.*

Aris Kumetir - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya