Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sidéang

Senin, 16 Mei 2016

TIAP isuk, nagog bari tungkul di buruan. Ngahaja moyan. Cengkat téh mun dampal suku geus karasa singsireumeun atawa tuurna cangkeul.
Mun tengah poé, keur meumeujeuhna panas éréng-éréngan, mindeng nangtung di tengah lapang. Moé manéh. Dua Leungeunna sidakep, tuluy tanggah bari peureum. Enya bari peureum, da bari beunta mah sérab.
Komo mun nempo aya nu dudurukan, atawa aya imah nu kaduruk. Teu kaop. Ujug-ujug nyampeurkeun. Tuluy diuk andiprek bari nyuuh. Siduru.
Kitu jeung kitu wé gawéna téh. Geus aya kana mingguna.
"Kunaon manéh téh kitu peta?" Aya nu kungsi nanya. Kerung.
"Otak uing beku," pokna kalem.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya