Selaasih
"GUGAH, A...jumaahan..." haréwosna ngagéréan ceuli. Beuki betah wé peupeureuman téh.Ngagurinjal sotéh sanggeus karasa aya nu ngajeletot kana cangkéng. Leng. Sakedapan. Botol inuman nu ngajaranteng luhureun méja, ray-rayan beuki katara. Rék ngarongkong nu eusian kénéh, leungeun kalah ditepak. Hiliwir, seungit cikopi. Bréh, imut nu nyari.
"Mun susu mah...," cekéng bari jumarigjeug muru kamar mandi. Sora nu ngaji dina kasét ti tebéh kalér kapireng ngadedengér. Ceuli mimiti kahaneutan deui. Réngsé beberesih, karérét aya nu nyampay dina korsi. Sipon kayas sahéab. Manéhna kawas nu surti. Kojéngkang ngadeukeutan.
"Tadi énjing ngiringan pangaosan heula," pokna. Ieu biwir lir disosi.
Gebrug. Panto imah geuwat dipeundeutkeun deui. Panon ngeureunceum nengetan kaayaan sabudereun. Nyaan tiiseun ari beurang mah. Euweuh gembréng euweuh ronggéng. Suwung tepak towong dilak. Teu nyésa seungit-seungitna acan. Warung inuman nu ngajajar, baruni naker nyumputkeun tagog. Rét, kana témbok imah pamiangan. Pondok Selaasih. Sajeroning leumpang, sirah eueuleugeugan. Néangan suhunan masjid nu weléh henteu némbongan.*
Asep Komara - kisuta.com


