Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kabengbat di Kampung Golat

Sabtu, 21 Mei 2016

WANCI sareupna kuring anjog di kampung Golat. Di. peuntaseun, manehna ngadeg binarung imut kareueut. "Duh, saha eta?" Gerentes hate. Manehna nyampeurkeun. Teuteupna... Enya, teuteup jeung sorot socana seukeut. Leuwih seukeut batan tungtung mata peso balati. "Gusti..." Hate gegerentes deui. "Salam pangwanoh, abdi Arya." Kuring neuteup manehna. "Yayu..." Ter, aya geter-geter nu teu kaharti basa kuring sasalaman jeung manehna. Ngamalir sir cinta nu teu puguh-puguh ngagumuruh. Manehna nyekel pigeulang laju ngayun lengkah. "Cuang ka patamanan." Kuring unggeuk ngahayukeun. Na handapeun caang bulan diuk paduduan nyacap asih nu karek manggih, silih ungkarakeun rasa cinta nu ngabebela. "Tabuh sabara ieu,nya? Asa teu karaos waktos teh,Kang." kuring ngaharewos. "Teu kedah ninggal jam, pami pules mah kulem na lahunan Akang." Kuring ngagoledag na lahunannana. Reup, tibra teu inget alam dunya. "Neng... Gugah! Naha bet bobo didieu?" Aya sora nu ngageuing kuring. Bray, beunta. Gebeg! Jajantung asa coplok basa nguniang tina luhureun kuburan. "Kang Arya..."*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya