Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sangu Konéng With Love

Senin, 23 Mei 2016

RÉT kana érlojina. Jam 2 janari. Geus tilu jam ngajanteng, euweuh nu liwat saurang-urang acan. Manéhna ngarahuh. Laju leumpang antaré ka Jalan Banceuy, muru lapak Mang Dun, tukang sangu konéng nu sasarina buka wayah sakituan. Rék ngareureuhkeun sukuna, balas tadi nangtung salila-lila.
Masih tiiseun. Nu marijah di 'dunia malam' can balubar. Gék diuk. "Mang! Sangu hiji, nya!" pokna. Rét ka juru. Hiji jajaka gandang keur nyérangkeun manéhna. Belenyéh imut. Luk manéhna tungkul, jajantungna ratug tutunggulan. Ngarérét deui ku juru panonna. Katara Si jajaka nyampeurkeun. Gék diuk hareupeun manéhna.
"Sepi, Néng?" ceuk Si jajaka. "Muhun, teu acan ngalarisan-ngalarisan acan," pokna halon. "Nuju usum! Sami abdi ogé tiiseun," témbal Si jajaka. Treup maranéhna paaradu teuteup. Ragamang leungeun Si jajaka nyekel réma manéhna. Diantep. Beuki dieu beuki pageuh. Simpé. Kabetot ku rasa sanasib, kanyaah medal. "Mun engké meunang langganan, rék dibikeun ka manéhna," gerentes haté Si jajaka, nu nyeplés jeung gerentes haté manéhna.*

Meila Handayani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya