Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Carpon

Aneu

Selasa, 24 Mei 2016

KULISIK, rèt kana jam. Euh geuning karèk jam satu. Korejat wè. Kadèngè, di antara aweuhan sora hujan jeung guludug, aya sora budak ngadingdiut lebah teras. Panasaran ku Ma Cicih ditoong tina jandèla. Brèh tèh budak leutik awèwè, kira-kira umur dua taun keur ceurik we eueuriheun, rancucut kahujanan, da sidik hujan sakitu gedèna.
“Euleuh,” gerentes Ma Cicih. Tuluy gura-giru mukakeun panto. Satengah dirawu budak tèh, dipangku ka jero imah.
“Nyai, kunaon aya di luar?” disidik-sidik tèh teu wawuh.
“Saha, Nyai tèh, Geulis? Emh deudeuh teuing, meni bararaseuh kieu.” Ngabigeu budak tèh. Ukur melong teu kiceup-kiceup ka Ma Cicih.
“Dieu buka heula bajuna. Urang ganti heula nya ku Ema, keun we urut si Tètèh gè nya.” Budak teu nèmbal.
“Nyai, lapar?” Haget unggeuk, “Oh, enya atuh. Baè jeung hulu asin, nya. Sanguna tiis.” Unggeuk deui.
Enya wè laparna tèh. Sangu sapiring ukur memenitan geus kari piringna. Geus wareg jeung diganti baju mah, lenggut nundutan.
“Sarèkeun di dinya wè nya dina bangku. Keun urang nyokot sarung keur simbut mah.”
Dipelong wè sabot budak tibra tèh. Bingung pilakueun.
“Na budak saha atuh ieu tèh? Geulis-geulis bet dipiceun atuh nya?”
Tungtungna mah guher deui wè dina bangku gigireun budak.
Subuh-subuh, gedig wè Ma Cicih ka imah pa Ѐrwè.
“Sampurasun. Punteeen.”
“Rampès, kè sakedap,” ceuk sora ti jero. Bray wè. “Har geuning Ma Cicih. Aya naon? Meni ku rareuwas. Sok mangga ka lebet atuh, Ma,” bu Ѐrwè ngabagèakeun.
“Nu mawi ieu tèh aya peryogi ka pa Ѐrwè. Hapunten Ema tèh tos ngagareuwahkeun wayah kieu.”
“Aya naon, Ma?” ceuk pa Ѐrwè, “Nyaan meni reuwas. Sok atuh aya naon?"
“Itu, pa Ѐrwè, Ema tèh nyèta mendak murangkalih tadi wengi tèh.” Derekdek wè ku Ma Cicih didongèngkeun kajadian tadi peuting.
“Tah Ema tèh janten bingung, kedah dikumahakeun èta murangkalih tèh. Da sidik pami diurus ku Ema mah karunya ka murangkalihna. Terang nyalira kaayaan Ema panginten.”
“Euleuh, Bapa, candak wè atuh ka dieu. Keun urang urus ku Mamah. Hawatos teuing," geureuha pa Èrwè ngiring mairan.
“Enya, hayu atuh. Tuh kabeneran aya Hansip Otong. Tong, anteur yu ka Ma Cicih. Urang nyokot budak.”
“Oh, murangkalih? Murangkalih saha, Pa?”
“Ah, tong sok loba tatanya. Hayu wè. Kè gè nyaho sorangan. Hayu!"
Bring tiluan ka imah Ma Cicih. Teu lila geus balik deui pa Ѐrwè jeung Hansip Otong mah. Hansip Otong ayeuna mah jadi mangku budak leutik.
Teu sirikna dirontok budak tèh ku bu Ѐrwè. Kacida hayangna boga turunan, geus belasan taun rumah tangga can diparengkeun waè, ari ayeuna sasatna dianteurkeun ka imah. Mangkaning enya geulis budak tèh. Buuk galing muntang, pakulitan konèng umyang, irung mancrit, biwir beureum. Ngan pèdah begang hungkul. Baju wè sararoèh.
Ditanya nanaon ku bu Ѐrwè jeung pa Ѐrwè ukur ngabigeu. Umat-imut manis wè hungkul. Tungtungna mah dingaranan we Aneu.
Mimitina mah kacida diogona Aneu tèh ku bu Ѐrwè. Dinangna-dinèngnè. Sagala dipupujuhkeun. Atuh dina waktu sabulan gè awakna geus lingsig. Beuki katempo geulis jeung lucuna. Sanajan ngomong ukur ku isyarah, tapi teu jadi hahalang pikeun kanyaah bu Ѐrwè ka manèhna.
Ari pa Ѐrwè mah asalna teu pati ngogo, biasa wè. Da meureun lain ka anak pituin. Tapi lila-lila beuki nyaaheun. Da enya atuh lucu budak tèh. Najan teu bisa ngomong gè tapi pinter. Pikanyaaheun. Atuh ayeuna mah pa Ѐrwè jadi leuwih nyaah ti pamajikanana. Ka mana-mana dibabawa waè budak tèh. Sagala dipangmeulikeun. Cocooan geus ngahunyud bakat ku loba. Lebaran gè mangmeulikeun baju nepi ka sapuluh setèlna. Poho wè ka pamajikan mah teu mangmeulikeun. Ku Bu Ѐrwè teu ieuh dipakè pusing mimitina mah, da sarua nyaah manèhna gè ka Aneu tèh. Tapi ari lila-lila mimiti bijil katimburu. Lain nanaon atuda, ari baheula mah pan lamun pa Ѐrwè indit-inditan, balik tèh sok pasti rèbo olèh-olèh keur manèhna. Ari ayeuna mah sagala keur Aneu. Naon-naon keur Aneu, tara ieuh inget ka manèhna. Balik ti mana-mana nu pangheulana ditanyakeun pasti Aneu. Nu dicium, pasti Aneu. Awèwè mah pan sok aya geuning katimburu tèh ka anak sorangan gè, komo deui ieu mah budak batur.
Lila-kalilaan mah kanyaahna mimiti ngolèmbar. Komo basa tungtungna Pa Ѐrwè milih pikeun sarè di kamar Aneu.
“Karunya, Mah. Budak tèh keueungeun. Keun engkè peuting mah ku Bapa dipèpèndè heula. Geus sarè budak mah Bapa pindah deui ka kamar,” kitu cenah ngomongna mah. Tapi buktina parat nepi ka subuh sarè jeung budak.
Keuheul, ambek, tapi maenya timburu ka budak leutik? Ѐra rèk ngomong ka salakina gè. Tungtungna mah kalah didongèngkeun ka batur.
“Ibu mah sok keuheul ka Bapa, Tong. Ayeuna mah jadi kitu Bapa tèh. Lah, sok kararesel,” cenah ka Hansip Otong.
“Ku naon, kitu, Bu?” ceuk Hansip Otong bari rada meureudeuy. Geus lila naksir ka bu Ѐrwè tèh, da sanajan umurna saluhureun, ceuk manèhna mah masih kènèh geulis kacida.
“Ah, kesel pokona mah.”
“Hè..hè.. Ah, Ibu mah sok teu puguh.”
Mimitina mah ukur kitu. Lila-lila curhatna beuki panjang. Beuki lila. Beuki peuting. Beuki jauh. Beuki panas. Tungtungna mah unggal peuting maranèhanana jangjian panggih di saung sawah tukangeun imah pa Ѐrwè. Paduduaan, ngumbar sagala rupana.
Bu Ѐrwè, da sidik butuh. Ari Hansip Otong, pan ti baheula naksir. Atuh puguh wè duanana geus teu mikiran nanaon, nu penting sagalana kacumponan. Saung sawah jadi saksi tempat rucah.
“Emh, Geulis,” harèwos Hansip Otong ka bu Ѐrwè nu keur naleukeum dina palupuh saung. “Bapa moal uningaeun kitu ieu tèh?”
“Lah, dipikiran teuing, atuh. Barina gè paling keur ngeukeupan si Aneu. Hayu ah, bisi kaburu subuh. Sono atuh ih...,” bari ngabedol Hansip Otong. Duanana silih keukeup nyacapkeun kasono. Bulan teu ngempray, da kasilih reueuk, bangun seunggah mireng dua manusa nu beuki motah di saung sawah.
Pa Ѐrwè nu keur tibra di kamar Aneu, digeuingkeun ku budak. Reuwas. Korèjat wè.
“Ku naon, Nèng? Hoyong eueut?” Gideug. “Hoyong pipis?” Gideug deui. Tuluy ngabebetot kana leungeun pa Ѐrwè. Pa Ѐrwè bari rada lulungu gè nuturkeun. Diajak ka kamar bu Ѐrwè.
Bray. Gebeg!
“Na ka mana Mamah, Nèng?” katempo kasur masih kènèh rapih, teu jiga tapak disarèan.
Aneu tutunjuk ka luar, ka lebah saung. Tuluy ngabebetot deui. Duanana kukurusukan mapay galengan, ngan ukur kacahayaan ku bulan nu remeng-remeng.
"Sssssst!" Pa Èrwè napelkeun curuk kana biwir, "Tong geruh!" Sèak getih ngumpul na beungeut pa Ѐrwè. Kawas beusi asak beuleum, soak nempo pamajikan ngabolèklak sabeuleugeunjeur keur diguley ku lalaki. Teuing saha, da teu katempo beungeutna. Leungeun ngadègdèg. Tuur nyorodcod nempo kalakuan pamajikan jiga kitu. Teu antaparah deui, gap kana batu, belewer wè dibalèdogkeun ka Hansip Otong nu teu engeuheun kalakuan bejadna aya nu nohyan. Jongjon wè ngagugulung madu haram. Beletuk! Batu nenggel pisan kana hulu Otong. Wer, getih bacacar. Teu lila kekerejetan kulahèk wè. Teu manggapulia.
Kocèak bu Ѐrwè ngagoak, nempo pujaan atina geus palastra. Kapireng salakina geus ngabedega bari rènghap ranjug nahan amarah di hareupeunana. Rèk lumpat, tikait kana samping jeung baju nu pasolèngkrah di tunjangeun. Tungtungna ukur jejeritan bari euweuh soraan, bakat ku soak. Habek-habek wè batu nu tadi didagor-dagorkeun ka bu Ѐrwè. Getihna awor jeung getih Otong.
Brek. Pa Èrwè ngulamprèh dina lantè saung. Reuwas kareureuhnakeun. Leungeun baloboran getih, nyegruk kanyenyerian. Ari Aneu, nu ti tatadi gè ngajanteng di luareun saung melong ka dua waruga nu geus ngabugang. Rèt ka pa Ѐrwè. Nyèh tèh, imut manis pisan.
Peuting èta, lembur ibur. Pa Ѐrwè ditèwak ku kulisi dèsa, ditahan saheulaanan di dèsa. Dua layon dipulasara ku dulur-dulurna, najan bari wirang kacida. Ari Aneu, tungtungna dibawa ku pa Kadus. Karunyaeun. Maenya rèk diantep sorangan, euweuh nu ngurus. Kabeneran geus teu boga uruseun, da anakna sarakola di kota.
Mimitina mah bu Kadus nyaah pisan ka Aneu. Sagala dipupujuhkeun, da karunyaeun. Tapi lila-lila...
Sataun ti harita, lembur ibur pikeun kadua kalina. Pa Kadus ditewak kulisi. Bu Kadus jeung saurang lalaki salingkuhanana jadi korban rajapati.
Saterusna Aneu dikukut ku Haji Dahlan nu ti baheula hayang pisan boga anak awèwè.
Mimitina mah bu Haji kacida nyaahna ka Aneu. Tapi lila-lila...***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya